Sababaraha waktu ka tukang kungsi kabejakeun ngeunaan BNN
(badanarkotikanasional) anu keur mikiran kamungkinan ngalegalkeun melak
ganja. Alesanana rupa2, di antarana
- ieu pepelakan sacara tradisional sok dipake ku urang Aceh (utamana) pikeun
kadaharan
- bisa dipake pikeun kaperluan medis
- tangkalna bisa dipake bahan baku nyieun rupa2 karajinan
- pangaruhna kana kasehatan (mun diudud) leutik, eleh ku alkohol, roko, komo
psikotropika lianna mah

Tah, sababaraha poe ka tukang, Nature--majalah ilmiah--ngamuat pamanggih
nanggap hasil panalungtikan anu dilaporkeun dina The Lancet--majalah ilmiah
kadokteran. Dina tanggapanana disebutkeun yen memang panalungtikan baheula
ngalaporkeun leutikna pangaruh nyeuseup ganja pikeun kasehatan. Tah,
patojaiyah jeung hasil ti heula, hasil anyaran ieu mah nyebutkeun yen ganja
teh bisa jadi ngabalukarkeun gangguan mental (psychotic illness). Nyeuseup
ganja bin ngagele teh bisa ngaronjatkeun resiko katarajang sabangsaning
skizoprenia (kasakit nanahaon ieu teh?) nepi ka 41%. Malah, tina hasil ieu
panalungtikan, bisa jadi ieu kabiasaan teh geus ngabalukarkeun 14% kasakit
mental di Inggris.

http://www.nature.com/news/2007/070723/full/070723-11.html

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
rek saeutik2 nyobaan ngeureunan udud, tapi can ngasaan bako mole...

Kirim email ke