Muhun Kang, kedah Daftar. eh..Daptar. 
Tah engkena...jumlah nu Daptar ieu teh 
keur patokan kanggo ngetang-ngetang waragad,
pikeun ngira-ngira ngayakeun tuangeun sareng
sajabina.

Nu ngiring mah teu diwatesan, mangga wae sabaraha
oge. Kukituna, mangga eusian Formulirna, diantos
dina imel sim korong..eh kuring.


-dul-
tukang ngulem-an..


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Saleh, Saleh \(sviq\) [Denholm-
Zholdas LLP]" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Ndoel,
> kumaha carana upami hoyong ngiringan Halal Bihalal.
> kedah register kitu? bilih wih tempat na terbatas.
> Saleh 
> 
> ________________________________
> 
> From: urangsunda@yahoogroups.com 
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ndoell
> Sent: Friday, 03 August, 2007 06:57
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: [Urang Sunda] Bewara Halal Bihalal Kusnét 2007
> 
> 
> 
> Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
> 
> Baraya Kusnet sadayana,
> 
> Dina raraga Boboran Siam 1 syawal 1428 Hijriah,
> dibewarakeun yén bade diayakeun acara Halal Bihalal Kusnet 2007
> nu Insya Allah badé diayakeun dina :
> 
> Dinten Saptu dugi ka Minggu, ping 27~28 Oktober 2007
> ngawitan tabuh 10.00 énjing dugi ka lekasan
> di Bumi Perkemahanan Kiara Payung - Jatinangor
> 
> Acara :
> - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
> - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
> - Ceramah Kasundaan
> - Mintonkeun Kasenian
> - Bazaar
> - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.
> - Bakti Sosial
> 
> Kukituna, réngréngan Panitia seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét
> sareng kulawargina, sareng ageung pisan nu dipiharep kana 
kasumpingan
> sadayana dina waktosna.
> 
> Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali 
silaturahmi
> diantawis baraya Kusnét sadayana.
> 
> Sakitu anu kapihatur,
> Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.
> 
> -Ndoell-
> tukang wawar
> 
> imel : [EMAIL PROTECTED] <mailto:ndoell%40yahoo.com> 
> 
> * PENTING !!! *
> ---------------
> 
> Jalaran kanggo kaperyogian administrasi sareng nyayogikeun sagala
> rupina, ka sadaya baraya Kusnét disuhunkeun rido galihna kersa
> ngeusian Formulir dihandap ieu teras di kintun ka alamat i-mél :
> [EMAIL PROTECTED] <mailto:ndoell%40yahoo.com>  atanapi dialungkeun ka 
Milis :
> 
> ----------------------------------------------------------
> FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
> 27 ~ 28 Oktober 2007
> 
> Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)
> 
> Nami :.....................................................
> Padumukan :................................................
> I-mél :....................................................
> No. telpon / Hapé :........................................
> Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
> Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
> 
> ----------------------------------------------------------
> 
> Informasi nu sanésna :
> 
> * Tempat Halal Bihalal *
> ------------------------
> Di Bumi Perkemahan Dr. Mashudi - Kiara Payung 
> Jatinangor - Sumedang
> 
> *Bazaar*
> --------
> Baraya Kusnét/wargina atanapi nu aya pakait sareng baraya Kusnét
> nu bade ngiringan Bazaar disayogikeun stand, mangga tiasa ngajapri
> kanggo konfirmasi.
> 
> *Sumbangan*
> ------------
> Bilih aya nu bade masihan sumbangan di tempat HBH disayogikeun 
kotak 
> sumbangan, atanapi nu bade ngintun tuangeun, mangga ngajapri 
kanggo 
> konfirmasi.
> 
> *Bakti Sosial *
> Anu bade sumping, bilih gaduh anggoan anu tos teu kaanggo deui, 
tapi 
> masih weuteuh, mangga di bantun. Urang kempelkeun keur bagikeun ka 
> kaum Dhuafa di sabudereun lokasi HBH.
> 
> * Susunan Panitia Halal Bihalal*
> --------------------------------
> - Pamangku Hajat : Uwa Siddik Wiradiredja
> - Penasehat : Réngréngan Kuncén
> - Pupuhu : Kang Iim
> - Patih : Kang Tony "cep Deden" Leboy
> - Tukang nyatet : Teh Lygia Nostalia
> - Tukang Babayar : Teh Imas Mustakim
> - Seksi Acara : Kang Ikmal, Kang Adit, Teh Anita & Teh Wida
> - Seksi Konsumsi : Teh Pupi & Kang Kumi
> - Seksi Dokumentasi : Kang Rachmat, Kang Bowie
> - Seksi Ingkig / Umum / Alat / Perlengkapan : Kang Bohay, Kang 
Irpan 
> [koordinator], Kang Runa + Balad
> - Registrasi & Panampi tamu : Mojang UPI & Kang Roisz
> 
> ---..tos ah..
>


Kirim email ke