gara maca milis sim kuring jadi kakomporan yeuh.
Gaduh tatarucingan meh teu hareudang teuing

Anu kahiji,
Hareupna M, tukangna K, tengahna aya kacangan.
Naon cing?

Nu kadua, mirip jeung nu kahiji
Hareupna M, tukangna K, aya dina jero Calana Jero
Tebak ah.....

mangga
*emut, tong waka mikir jorang*
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Mani rame 
geuning soal sajak Awewe ti Kang Ndud teh. Tapi kuring moal 
 mamanjang sajak eta, ngan kuring "ngagaris handap" tulisan kang Ndud, 
 nu kira2 nyebut, lalaki tempo diri sorangan, lain nyalah2keun awewe 
 wae. Di dunya nu di kawasa ku kaum lalaki, memang awewe dianggap ukur 
 OBYEK, lain SUBYEK ......jadi lamun aya masalah teh OBYEK heula nu 
 pangheula nu dituduh.
 
 Kang Ndud bener, lamun aya kamaksiatan, sakuduna mah nu disalahkeun 
 teh lain awewe wae, tapi oge lalakina. Tapi hukuman ti masyarakat 
 biasana ka awewena. Tong tebih2 tingali we tayangan dina TV nu 
 nyaritakeun penertiban PSK. PSK diuber-uber siga beurit, disorot ku 
 kamera, bakating ku sieun, aya nu ngajleng ka walungan, palid tepi ka 
 hanteuna. Aya nu nyumput dinu bala .....bray disorot kamera ...keur 
 cingogo bari ngan dibaju luhurna wungkul. Nu beunang diasupkeun kana 
 mobil dogong (buntung) bari disorot kamera. PSK memang kudu 
 ditartibkeun, ngan ari kahayang teh teu kudu disorot ku kamera, 
 karunya da sarua jelema ngan AWEWE. 
 
 Ari lalakina nu irungna belang, teu pati dihukum ku masyarakat. Lalaki 
 leuwih kawasa, contona lamun lalaki bobogohan jeung lalaki, minculak 
 jeung teu wajar pisan. Tapi MASYARAKAT JARANG NU CURIGA, lamun aya 
 lalaki patuntun-tuntun jeung lalaki, atawa dua urang lalaki sakamar di 
 hotel. Masyrakat biasana kakara kaget lamun aya masalah kriminal. 
 Padahal kasus homoseksual jauh leuwih a-susila tibatan pelacuran Awewe 
 jeung lalaki. Jeung sabenerna homoseksual lain di Amerika wae, di 
 urang oge sabenerna aya jeung cukup loba, malah nu paling absurd, 
 nyodomi budak lalaki nu sering diwartakeun dina koran.
 
 Tah, lamun tindakan asusila teh gara-gara pakean (anderok nyingsat) nu 
 ngundang syahwat, kudu kumaha pakean lalaki supaya teu narik syahwat 
 kaum homo? kudu kumaha pakean budak lalaki supaya teu narik syahwat  
 jelema "gering" nu hayang memperkosana? ....
 
 Baktos,
 WALUYA
 
 
     
                       

       
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, 
when. 

Kirim email ke