Wilujeng maju jaya Teh, aki tams ngiring bingah. Perkawis agul ku payung butut 
teu sadayana awon, gumantung dimana ngalarapkeunanan. Mungkin tiasa 
disajajarkeun sareng "adigung adiguna", namung pasipatan us mah katelahna sok 
"papaeahan", (low profile) saur batur mah.Duka tah? 

indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Assalamualaikum.......
   
  Haturan kasadaya baraya..................
  Kang Deni Suwarja, Kang Toni, kang Tatang, kang Nanang, kang ikmal, Teh Imas, 
teh Roro, kang Oman, Knag thoyib, Kum wae kasadaya akang2 sareng teteh2.....oge 
ka baraya anu enggal nepangkeun si teteh....
  Tos lami sim kuring tara ngulampreng ka bakus (babakan Kusnet ), sanes teu 
sono mung biasa wae pakeupuk. Tapi ari online mah ungal dinten ge tara elat.
   
  Tapi barang nganjang deui ka ieu  lembur, naha geuning aya baraya anu awon 
sangki, padahal ku ayana ieu KUSNET, siteteh janten kawentar kamana2.
  Ah........rek sombong wae, da ieu mah kasaean....
  Dinten ieu Nami sim kuring ngajeblag aya dina Koran Jawa Pos, koran Jawa 
Timur, ngabejerbeaskeur pembelajaran Online. Kuayana internet barudak sakola 
maju, jeng sajabana.
   
  Anu pangbungahna mah, sakola kuring menang bantuan dana BlockGrant ti 
Pustekom lobana Rp. 109 juta, eta teh alatan siteteh janten User aktif ti 
E-Dukasi .net. Mun ditarik katukang ujung2na  alatan si teteh sok resep posting 
di lembur Bakus jeung resep chating. Tah sakitu berita anu panganyarna, padahal 
seueur warta anu sanes, sok sieun jandi agul.........padahal geus agul ku 
payung butut......he he
   
  Naonnya hartosna agul ku payung butut tehnya...? kang Tatang naon eta 
hartosna...?
   
  Cag....ah
  Wassalam
  Teh Ipeut

wildanthk <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  
Ti kapungkur tos diwanti-wanti, angge nami lengkep pami di ieu milist, maenya 
jeung baraya sa sunda ciga kitu, aya leresna oge cariosan ely nu cenah geulis 
"mikiran keur eusi beuteung pribadi jeung kulawarga wae teu nepi.", teras 
seueur ngiripik eh ngiritik ka KUSNET, sugan2 urang KUSNET jadi leuwih alus, 
seueur baraya urang tingali ka handap, US nu malarat.mugi2, janten motivasi tah 
copy-paste, postinganna elly evalita cantik teh. pami leuwih sae...coba id-id 
kitu di banned wae...pak moderator

kumaha akang2 moderator, oge pengagas KUSNET, ku ayana KUSNET ulah aya 
pipaseaeun antar US di Internet komo di darat mah...US mah kan alus ku ayana 
Pajajaran nu cenah tara eleh di medan perang. 

Tos sakitu, heup dikadek......................... 

  2007/8/3, [EMAIL PROTECTED] < [EMAIL PROTECTED]>:             
Enya bener euy kang Deny satuju uing mah!, kedahna mah disambat gera.... 
diajakan ka Pasantren Keresek, 
sina di ceuceuh heula ku Buya di Wahangan nu tukangeun imah tea ning... 
kakara disupkeun deui ka lembur....hihi 


-ts- 




  From: "Dena" <[EMAIL PROTECTED]> on 08/03/2007 10:35 AM 
Sent by: urangsunda@yahoogroups.com 
  Please respond to urangsunda 


To:        urangsunda@yahoogroups.com 
cc:        (bcc: Toni BKC0067 Sofian/BKCP/BKC) 

Subject:Re: [Urang Sunda] Mangga nyanggakeun. 


Kunaon yeuh meni narasteung? Keun we atuh postingan
cep ely mah (ningal bahasana mah, nu ngaku ely teh
jalu). Teu kudu diributkeun, da nilik ngarana oge
ieu jalma teh nyiliwuri. Teu wani ngaku jati dirina
sorangan. Atuh eta, ngagogoreng US jeung nganggap
hina ka US. Keun weh antep. Ulah saruana. Da ceuk
kuring mah, jelema anu ngagogoreng atawa nganggap
hina ka batur. Sarua jeung ngagogoreng dirina
sorangan. Keun weh. Angur urang sambat ku sarerea.
Boa ieu jelema teh, keur aya masalah. Tulungan ku
sararea. Ulah kalah dicarekan. Boa keur gering,
urang ubaran. Boa sehat, nya urang usapan. Teu kudu
bendu ku ely. Ka cep ely atanapi cep novian iman
kitu, mangga diantos postingan saterasna. Ulah hilap
HBH sumping nya! Supados wanoh, ka balarea.... 

  
  








-- 
---------------------------------------------
Salam Sejahtera :
Wassalam Mualaikum Warahmatullahi Wabarrakatuh
--------------------------------------------- 
  Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

         

       
---------------------------------
Sick sense of humor? Visit Yahoo! TV's Comedy with an Edge to see what's on, 
when. 

Kirim email ke