wilujeng enjing kasadayana,
   
  1.  Dina raraga pertemuan menlu2 ASEAN anu diayakeun di Jakarta tahun 2004 
anu kalangkung tiap delegasi dipasihan angklung hiji sewang sareng 
didemonstrasikeun kumaha cara ngamaenkeunana (tapi teu aya katerangan yen 
angklung teh salah sahiji kasenian ti Indonesia).
   
  yayan

Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Ahirna simkuring tiasa oge hadir dina farewell dinner Asia Pacific 
Telecommunity Wireless Forum ka-4, Kemis wengi, ping 2 Agustus 2007, di Gedung 
Arsip Nasional, Jakarta. Pamaksadan bu sofi ngabantos ngalaksanakeun 
sosialisasi angklung ka bangsa sanes tiasa kalaksanakeun. Disponsoran ku 
Telkomsel, para nggota delegasi dibagi angklung hiji sewang teras diajarkeun 
cara ngagunakeunnana; sasarengan maenkeun lagu twinkle-twinkle little star. 
Angklungna anu tos dibagikeun dipasihkeun dijantenkeun suvenir kanggo para 
delegasi. 
  Panginten acara kieu teh teu cekap ku sakali. Mudah-mudahan angklung tiasa 
dipintonkeun deui dina waktos Indonesia janten tuan rumah event sanesna.
  
Tapi pamarentah anu ”terkait” oge kedah enggal ngainventarisir hasil budaya 
urang Sunda. Motif batik Cirebonan, Garutan, ssjabn, notasi lagu-lagu rakyat, 
carita-carita rakyat, desain alat musik, kalebet angklung, ssjbn kanggo diurus 
supados henteu dipatenkeun ku bangsa sanes.

Salam,
Asep



      
   
          








  .

 
         

       
---------------------------------
Choose the right car based on your needs.  Check out Yahoo! Autos new Car 
Finder tool.

Reply via email to