> surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Pan nu penting mah ngaranna lain teroris....Cobi anu
> disebat "teroris" dina pilm koboy teh...urang
> Mexico..eta pedah sok ngabeledog
> titukang..ngabongohan...di zaman koboy mah eta teh teu
> jantan...kudu duel pahareup hareup..lomba gancang
> nyabut pestol..
Keur budak kuring resep lalajo pelem koboy, ngan lila-lila mah jadi
sebel da jarang aya pelem koboy nu nyaritakeun urang Mexico jadi
jelema bener. Lolobana mah digambarkeun jelema nu goreng kalakuan.
Perkara kalakuan "gentleman" urang bule sigana mah memang sifatna
(baheula). di budaya urang Bule aya istilah DUEL, hiji lawan hiji.
Mimitina ku pedang terusna ku pestol (pangpangna di Amerika).
Lamun gelut heug ditonjok, urang bule teu ngartieun nyingcet, jadi
ditampanan we. Hal ieu tiasa ditingali dina pelem2 nu nyaritakeun
gelutna bule di jaman baheula. Lamun perang, pasukan pahareup-hareup
nangtung, disaruakeun waktu make panah jeung tumbak. Cilaka waktu
geus manggihan bedil, pasukan nu dihareup teh pangheula beak. Cenah
mah nu ngamimitian perang make tiarap teh Napoleon. Nu matak manehna
bisa ngawasa sabgaian gede Eropa.
Nu paling konyol mah Urang Inggris, ku sikepna nu gentleman
Amerika "jadi" merdeka. Cenah baheula, waktu perang kamerdekaan
Amerika aya Sniper (penembak jitu) Inggris, keur ngeceng hiji
soldadu nu kaciri pangkatna perwira nu jalang-jeleng ngawas anak-
buahna digawe. Si Sniper nu gentleman teh teu jadi wae narik pelatuk
bedilna, sababna si Soldadu teh TEU NGALIEUK wae nempo si Sniper.
Saha eta soldadu teh? GEORGE WASHINGTON, Jendral nu mimpin
kamerdekaan AMerika jeung Presiden Amerika nu munggaran ....
Duka leres henteuna mah, da sadayana oge ceuk cenah ....
Baktos,
WALUYA