Ah keun wae ANALISA AWAM..TAPI MUN URANG sering expose
didunya eta..analisa eta teh seueur leresna..namina
oge pilitil...UUP..teras UUD...

--- MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Jadi emut pangalaman baheula waktu jadi mahasiswa.
> Tahun 1980 an kuring saparakanca ti UI, ka Masigit
> Salman Bandung, ngiringan Latihan Mujahid Da'wah
> (LMD)
> angkatan 50. harita teh mun teu lepat mah para
> penceramhna aya Bang Imanuddin, ustadz Miftah Farid,
> ssjb. aya kana opat dinten mah ngarereb di mirhab
> masigit Salman.
> Pas mulang ka Jakarta, samemeh kaluar to ti
> jagorawi,
> beus anu ngangkut peserta teh, dikawal ku mobil
> tangtara, digiring ka kantor KODAM V Jaya. Ka para
> panumpang teh petugas ti KODAM mentaan KTP atawa
> tanda
> pengenalsejenna, terus dicatet, dititah nanda tangan
> formulir. Persis siga anu didongengkeun bah Willy,
> urang teh mani jiga "pesakitan", jalma anu
> panghinana.
> harita teh tangtara anu "nginterogasi" pangkat
> panghadapna teh kapten. Meureun ayeuna mah geus jadi
> jenderal, atawa pangsiun. Panasaran hayang
> kapanggih,
> kumaha tah komentar manehna ayeuna, waktu baheula
> nginterogasi mahasiswa.
> 
> Kamari ieu, jaman reformasi (1998), kuring oge
> pipilueun ngiluan para mahasiswa UI ka MPR/DPR.
> Harita
> mah spontan wae, aya kereteg, perlu yeuh
> didokumentasikeun kagiatan mahasiswa UI ka MPR.
> harita
> mah, rombongan mahasiswa UI ti Depok teh dikawal ku
> pulisi nepi ka Gedong MPR Senayan. Sababaraha kali
> mideokeun aksi-aksi di kampus UI. Teu lila kuring
> dideukuetan ku hiji jalma, bari jeung mere kartu
> nama,
> pokna teh "Pa, nanti kalau ada kegiatan aksi-aksi
> lagi, telpon saya ya?". Teuing ayeuna kamana kartu
> nama pulisi eta.
> 
> Tapi anu jelas salah saurang aktipis mahasiswa UI
> jaman reformasi teh jadi salah saurang aktipis salah
> sahiji partey, malahan mah jadi anggota DPR sagala.
> Ceuk batur kuring anu jadi aktipis di "Mega Center",
> ti saprak  ka DPR/MPR jaman reformasi teh, eta
> aktipis
> teh cenah mah sok dikakawal ku mobil pulisi ti
> kajauhan.
> 
> Ayeuna pikiran kuring jadi "rada terbuka", sabada
> aya
> pilkada DKI, dimana aya salah sahiji partey
> ngusungkeun calon mantan pulisi. 
> 
> Ah, ieu mah aanalisaan urang awam, bisa salah pisan.
> jadi tong dipercaya.
> 
> baktos,
> 
> mrachmatrawyani
> 
> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> > Baraya sadayana, kuring meunang japrian ti
> sasaurang
> > kana thread "Leungiteun 
> > Cecekelan ....", cenah pajarkeun kuring teh "geer"
> > ngaku-ngaku aktivis 
> > mahasiswa taun 1978. Tangtu we kuring teh
> ngajenghok
> > da teu ngarasa 
> > ngaku-ngaku. Isin atuh da di Kusnet teh aya
> > sababaraha urang nu ampir bareng 
> > sakolana di ITB. Nu kuring apal aya kang WAG, nu
> > wawuh ti keur mahasiswa 
> > keneh, aya kang Engkus Ruswana, (1975) saangkatan
> > jeung kuring. Aya Kang 
> > Dudi Mulyadi (1976)  jeung kang Trias (1978)  nu
> > nembe diangkat jadi kuncen.
> > 
> > Keur ngalempengkeun masalah, sabab terus terang
> > kuring jadi kuram-kireun 
> > kieu, kuring ngaforwardkeun jawaban kuring ka
> jalmi
> > eta. Kuring moal 
> > nyebutkeun saha-sahana, sabab engke jadi rame
> deui.
> 
> 
> 
> 
>      
>
____________________________________________________________________________________
> Luggage? GPS? Comic books? 
> Check out fitting gifts for grads at Yahoo! Search
>
http://search.yahoo.com/search?fr=oni_on_mail&p=graduation+gifts&cs=bz
> 



       
____________________________________________________________________________________
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story. Play 
Sims Stories at Yahoo! Games.
http://sims.yahoo.com/  

Kirim email ke