Anu kaemut ku sikuring mah kieu Kang:

>>Pekawis visi anu aya ayeuna sikuring satuju lamun diganti ku anu leuwih 
>>ngagambarkeun tujuan pangwangunan urang (Jabar) sorangan, anu nyoko kana 
>>pangharepan warga Jabar (atawa warga sunda?) sadaya. Lamun ngomongkeun 
>>masalah Jabar hartina urang kudu ngawengku kana aspek kahirupan seler sejen 
>>anu mingrasi ka dieu, hal ieu kudu khusus ngabahas regulasi, perda-perda, 
>>konsensus, hukum adat, hal-hal anu kudu dilaksanakeun jeung hal-hal anu teu 
>>menang (dipahing) jeung anu sifatna can diatur detail ku aturan-aturan pusat 
>>(nagara). Ku ayana aturan-aturan anu wijak bakal mawa urang kana peradaban 
>>atawa budaya anu anyar ditatar sunda. Peradaban ayar diwewengkon Jabar ieu, 
>>ceuk saliwat mah kuduna leuwih deukeut ka adat istiadat Sunda sababna 
>>mayoritas warga Jabar nyaeta seler Sunda, tapi hal ieu teu bisa dipaksakeun 
>>sok sanajan Urang Sunda tangtuna ge ngarasa hal ieu teh jadi hal anu 
>>prioritas. Jabar lamun ditilik tina perkara kapendudukan jeung budaya 
>>tangtuna beda anggang (signifikan) jeung Ibu Kota, kitu deui jeung Jateng 
>>atawa Banten, kukituna kaperluan wargana ge pasti beda. Dina nangtukeun visi 
>>Jabar 2025 ge kudu surup jeung kaayaan diri urang sorangan, anapon interaksi 
>>jeung tatangga eta mah lain dina visi ayana tapi dina strategi pencapaian 
>>visi tea. Conto nyata, basa DKI hayang jadi kota megapolitan bari jeung rek 
>>'nyaplok' wilayah Jabar, lamun visina jiga nu ayeuna mah kuduna Jabar teh pro 
>>aktif nyatujuan jeung ngadukung konsep megapolitan tea tapi naha malah nolak 
>>sapajodogan. Ceuk sikuring mah nyieun visi kudu realistis jeung aya alat 
>>ukurna ulah ngawang-ngawang jeung utopis teuing. Visi anu realistis jeung aya 
>>alat ukurna, jelas dina hambalan-hambalan strategina jeung nangtukeun 
>>sasaran-sasaran antara-na, tangtuna masyarakat ge anu jadi pelaku pangwangun 
>>moal ngatog da puguh tujuanana. 


Dina widang budaya si kuring boga kereteg, kumaha lamun taun 2025 di Jabar kudu 
geus aya "Lembaga Adat Sunda" asana mah ulah jadi lembaga adat Jabar, sok 
sanajan dijerona aya ngawengku kana lembaga-lembaga adat seler sejen anu 
pangumbaraan di Jabar, lembaga adat wewengkon di kabupaten, kacamatan atawa 
desa ge meunanglah aya mah anu digawena, ngo-ngo, yayasan-yayasan jrrd. Lembaga 
ieu bisa diformalkeun bisa oge henteu, bisa oge ngarana sejen beda jeung nu ku 
sikuring diusulkeun, tapi fungsi ieu wadah/tuturus anu bisa ngajaga peradaban 
di Jabar supaya hirup kalayan hurip, ningkat jeung langgeng. Sikuring oge 
satuju lamun dina eta lembaga aya hirarki anu pangluhurna di arana "Dewan 
Karuhun (DK)" sok sanajan sikuring teh sabenerna can ngarti naon atuh anu 
dimaksud dewan karuhun teh? Pamanggih sikuring pihartieun Dewan Karuhun 
minangka struktur pangkuhur di lemabaga adat, nyaeta kumpulan sababaraha jalma 
anu............ ngabahas DK ieu mah sikuring teu wasalah, kahareup sugan ka 
samper.




>>>Perkara Kang Dana Satia (KDS) nyarios: "ulah sieun disebut ngalawan karuhun" 
>>>sikuring sapamadegan. Naon-naon anu ku urang bakal dilakukeun estuning kudu 
>>>sakumaha pamadegan diri urang sorangan ulah ngan saukur ngalakonan tradisi 
>>>atawa kabiasan bari jeung teu nyaho maksudna. Dina wanci marapatan jiga 
>>>ayeuna, loba jalan alternatif anu kudu dipilih ngarah urang nepi ka tujuan 
>>>kalayan salamet, lamun bisa milih jalan anu pang deukeutna ngarah geura ka 
>>>ala hasilna. Ayeuna urang kapaksa kudu madungdengkeun jalana mana anu kudu 
>>>disorang, ngarah dijalan teusewang-sewangan sabab syaratna kudu nepi ka 
>>>tujuan babarengan rakyat sa Jabar. Madungdengkeun carana, bekelna, jalana, 
>>>kandaraanana, barisan jalemana, aturanana sagala rupanalah pokona mah. 




>>Hambalan-hambalan keur ngahontal visi 2025 widang budaya, dibagi jadi 4 
>>hambalan waktu, nyaeta: 


Periode 2008 - 2010 (dua taun): 

Pembentukan "Formatur Persiapan Pembentukan Lembaga Adat" (FPPLA). FPPLA 
tugasna nyiapkeun sarana jeung prasarana, hardware, software, mindware keur 
lembaga adat. FPPLA oge boga tugas nyieun aturan AD/ART-na sorangan sabab 
jigana formatur ieu bakal lila ngadegna +/- 10 -15 taun, jadi kudu diatur 
'aturan mainnya'. 


Tugas utama FPPLA nyaeta ngalaksanakeun inventarisasi potensi budaya, 
sosialisasi, kampanye, ngalalanyah, ngawanohkeun, bari memener visi/misi 
lembaga adat anu rek diadegen tea. Piraku sugan 2 (dua) taun teu meunang hasil 
anu munel atawa mucekil mah. 


Periode 2010 - 2015 (lima tahun): 

Jadi fasilitator dimimitianana nyieun/pembentukan lembaga-lembaga adat 
wewengkon, panguyuban-paguyuban, ngo-ngo, yayasan-yayasan. 


Ngaganti pangurus formatur tea (FPPLA), anu geus erep masa baktina. 


Periode 2015 - 2020 (lima taun): 

Nambahan, ngokohan jeung ngembakeun lembaga-lembaga adat wewengkon sarta 
lembaga adat lianna.


Milih pangurus-pangurus ayar keur lembaga-lembaga adat wewengkon anu geus 
ngadeg dina periode sateuacana, kitu pangurus-pangurus ngo, yayasan sarta 
lembaga-lembaga 'penyangga' lembaga adat (Sunda) sejena.


Periode 2020 - 2025 (lima taun): 

Ngadegkeun Lembaga Adat Sunda secara buttom up ulah top down, urang kudu 
nyiapkeun institusi-instusi 'pendukungna' heula lain nyieun lembaga adat-na 
heula, lamun urang nyieun lembagana heula ibarat urang ngadegkeun syariat teu 
nepi hakekatna, cul dodog tinggal igel, gula ilang peueutna. Piraku sugan 
formatur nyiapkeun ieu salila 15 taun teu ngahasilkeun nanaon mah, didieu diuji 
kaparigelan formatur dina narima masukan, gagasan, ide anu alus tur lantip. 

  ----- Original Message ----- 
  From: oman abdurrahman 
  To: [EMAIL PROTECTED] 
  Cc: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, August 16, 2007 11:48 AM
  Subject: [Urang Sunda] Tina FDG Jabar 2007: (2) "Someah Hade ka Semah" dina 
Pang-kritikan jeung "Dewan Karuhun" anu keur Dilamar


  Baraya, mangga kahaturkeun terasna tina seratan kahiji kamari...
   
  (1)         Panganteur
   

Kirim email ke