> "Dudi Herlianto" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nuhun bah... nu kapetik ku kuring ti tulisan abah nyaeta. kumaha
> lengkep(sampurnana)na mk salaku manusa. aya kagorengan jeung 
> kahadean nu napel na dirina.

Sami-sami nuhun, manawi teh moal aya nu maca ...hehehehe. Ieu mah 
sakadar informasi tambahan we, jeung kaleresan buku nu ku kuring 
dibaca, obyektif-saimbang, teu beurat sabeulah. Kemal Ataturk tokoh 
sajarah, sarua jeung para pangadeg nagara urang saperti Bung Karno. 
Dina nempo tokoh sajarah, nempona meureun kedah PROPOSIONAL, supaya 
urang terang kahadeanana nu kudu diteruskeun jeung kagorenganana nu 
kudu dipiceun.

Mustafa Kemal, loba nu mikaresep oge loba nu ngewa, sanajan di Bangsa 
Turki sorangan. Kuring kungsi maca dina hiji millis, ceuk nu ngewa 
pisan mah cenah waktu sakarat rek maot, Mustafa Kemal kasiksa, panas 
ngarasa diduruk, manehna jejeritan siga kuda kalde hihieum, sorana 
kadenge ka sakuliah Turki, malah kareungeu tepi ka Mesir ......

Baktos,
WALUYA

Reply via email to