> From: "yogafina" <[EMAIL PROTECTED]>
> dangdut is the music of my country kitu saur barudak project-pop, abdi
> oge resep sababaraha music dangdut, malah nuju sd keneh sok nongkrong
> di kios nu muter lagu dangdutan oma irama jeung sajabina, tapi dangdut
> ayeunamah terutami nu sok ditanggap di masyarakat...geus teu barogaeun
> ka era, ...

Sami Kang, kuring oge sok risih ari ningali organ tunggal/pongdut/dangdut 
teh. Tapi Kang,  kuring jadi inget kana Film Titanic, meureun akang oge geus 
nonton. Si Rose, wanoja tikalangan elite, tapi keur bangkrut nu dijodokeun 
jeung nu beunghar deui, papanggih jeung si Jack, jalma kuricakan / gembel nu 
kabeneran bisa naek kapal Titanic di kelas "gurubug" ku nasib alus 
kulantaran meunang dina maen dadu marebutkeun  salambar karcis.  Ku si Jack, 
si Rose dikenalkeun kana kabiasaan jalma kuricakan, saperti cara nyiduh 
jeung .....dansa abrag-abragan khas kaum gembel. Musik ieu tangtu we 
dianggap musik murahan ku kalangan elite, sabab keur kaum elite siga si Rose 
nu pantes mah musik klasik atawa dansa pinuh kasopanan lain dansa 
abrag-abragan nu kurang sopan.

Tah umpama urang nengetan musik Dangdut jeung variantna (organ 
tunggal/pongdut/jrrrd), bakal katempo yen jenis musik ieu hirup di kalangan 
rakyat leutik, kelas menengah kahandap, jadi mirip jeung dansa ajrag-ajragan 
kaum si Jack. Rakyat menengah kahandap  hirupna SUSAH UNGGAL POE, kateken ku 
kabutuhan hirup. Maranehna butuh keur ngaleupaskeun sagala tekenan hirup. 
Hal ieu dilumpatkeun kana kasenian nu bisa ngaleupaskeun "energi" kateken 
ieu. Seni nu mucunghul nya seni nu ngaluarkeun energi gede. Sora percusi nu 
ngondang ngigel, awewe nu ngigel rada erotik. Naon sababna rada erotic? 
keur rakyat leutik, ieu KASEMPETAN HIJI-HIJINA  meunang kasenangan, beda 
jeung kalangan nu loba kaboga, sanajan katempona kalem, sopan jeung alim, 
Kasenangan duniawi anu leuwih, tangtuna ge leuwih gampang diteangan ku 
maranehna.

Dina Dangdut atawa varianna, teu dipentingkeun soal eusi syair lagu, sanajan 
eusi laguna ceurik balilihan, tapi nu nyanyi jeung panontonna tetep joged 
gumbira. Keur kaum nu leutik,  geus teu perlu deui nempokeun kasedih, sabab 
maranehna dina kanyataanana geus ceurik unggal poe!

Umumna seni rakyat leutik nu kateken ku kabutuhan hirup, rada-rada 
ngaharib-harib dangdut. Tingali musik Reggae atawa Samba ti AMerika Latin. 
Umumna musikna ngandelkeun percusi jeung erotis. Sabagian gede rakyat 
Amerika Latin sangsara, saperti halna urang Indonesia.

Jadi, Kang, ceuk kuring mah,  karesep kana musik/seni teu leupas tina 
kaayaan kahirupan nu resepeunana. Beuki naek kahirupan status sosialna, 
karesep kana musik oge bakal robah. Tapi ayeuna, rakyat leutik di urang 
beuki susah, matak teu aneh musikna oge beuki "panas" jeung beuki erotis!

Meureun ketang .....

Baktos,
WALUYA 

Reply via email to