Kang Trias meni tega kitu. Kumaha enya gara-gara aya legenda lutung kasarung 
teras disimpulkeun urang Sunda hideung siga monyet hideung. Desi Ratnasari anu 
sakitu koneng umyang kumaha enya disebat hideung. Anya-anay dwinov wae si 
sakang mah.

Utun upami teu lepat hartosna jalu, inji upami teu lepat hartosna bikang. Lamun 
istri nuju beureuyeung, dina patuangannana aya janin. Ari janin pan henteu acan 
kanyahoan naha jalu atanapi bikang. Kumargi kitu, janin sok disebat utun inji.

Lutung Kasarung oge dicalukan utun ku Purbasari kumargi jalu. Ucing tatanggi 
kang Trias dingaranan utun kumargi panginten jalu sanes kusabab buluna hideung.

Ah ieu mah meureun; nyanggakeun ka ahlina atanapi anu gaduh kamus Sunda.






trias santosa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Nuhun kang Hasan pedaranana, mani jentre pisan.
  Ieu aya deui pakait jeung lutung.
  Ku boga sipat handap asorna US, merendah, low profile, tepikeun ka sawatara 
ema-ema sok nyebut ka anak sorangan ge "utun inji", utun asal usulna tina kecap 
lutung, inji (duka tah asalna tina kecap naon, hiji manawi, atawa hiji-hijina, 
leres kitu?).
  Aya deui:
  Baheula sim kuring boga tatangga, anjeuna boga ucing dingaranan si Utun pedah 
warnana hideung.
  Reseplah nambihan pokabulari/kejembaran basa.
   
  Kang Trias  








Asep

       
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out. 

Kirim email ke