Tina FGD Jabar 2007 widang Kabudayaan (5) : 
   
  NGIGELAN JEUNG NGIGELKEUN PAJAMANAN (1)
   
  1.      Panganteur
   
  Dina catetan juru tulis riungan, anu biantara saba’da Kang Wahyu Wibisana 
(KWW) teh nyaeta Kang Hidayat Suryalaga (KHS). Tina sadaya anu hadir dina 
riungan FDG ieu, nya KHS anu minangka pangsiapna. Eta wae, pikeun ngawadahan 
naon rupa pikiranana, KHS nepikeun tilu makalah (2 hardcopy, 1 file elektronik) 
keur bahan diskusikeuneun. Guaranana, sakumaha biasa, panceg dina galur anu 
salila ieu dikeureuyeuh ku anjeunna: moral atau adab hirup kumbuh sapopoe, 
jeung atikan anu sakabehna difokuskeun mimitina ka rahayat loba. 
   
  “Samemeh urang ngaguar leuwih jauh naon rupa anu jadi udagan ieu riungan, aya 
hadena urang natanyakeun heula, wangun (B. Ind.: bentuk) kabudayaan anu kumaha 
anu dipikahayang ku urang ka hareup?”, KHS muka carita. “Sapuk kana 
pamendak-pamendak samemehna ngeunaan perluna pangwangunan dina jero pigura 
kabudayaan jeung Wawasan Budaya Daerah Jabar. Pakait kana hal eta, sim kuring 
seja miang tina naon anu jadi kasangtukangna: soal kasiapan masyarakat dina 
nyanghareupan pagedrug budaya”, KHS saterusna  “Nyoko kana kasangtukang tadi, 
naon rupa anu dipikahayang ku urang ka hareup satemenna aya dina jejer kumaha 
carana urang bisa ’Ngigelan jeung Ngigelkeun Pajamanan’. Kusabab kitu, eta 
babasan bisa jadi eusining visi jeung misi Jabar kahareup”, kitu kurang leuwih 
KHS mungkas bubuka biantarana.   
   
  (Upama dina ekonomi, khususna bab pajeg, urang wanoh kana istilah NPWP (Nomor 
Pokok Wajib Pajak), tah dina budaya Jabar, lamun tea ka hareup ieu usulan KHS 
teh pareng kalaksanakeun, urang baris boga singgetan anyar anu sarimbag: NJNP, 
pondokna tina: Ngigelan jeung Ngigelkeun Pajamanan”). Sakumaha biasa, tulisan 
jero kurung – lian ti singgetan jeung katerangan-katerangan sejen anu 
disebutkeun sacara khusus- eta ngebrehkeun pikiran si kuring anu mucunghul 
sapada harita dina ngamoderatoran diskusi.
    
  2.      Ngigelan jeung Ngigelkeun Pajamanan
   
  “Ngigelan jeung Ngigelkeun Pajamanan” bisa disebut salaku indung wadah tina 
naon rupa pamikiran KHS ngeunaan pangwangunan budaya Jabar ayeuna jeung ka 
hareup. “Sim kuring sapuk kana pamadegan Kang Yayat oge Kang Wahyu, yen dina 
nyanghareupan pagedrugna atawa pataremana budaya, alatan ngabelesatna 
pangwangunan fisik di Jabar, urang perlu nyieun lengkah-lengkah pikeun nguatan 
budaya daerah Jabar. Ngan, pikeun ngawadahan naon rupa  program anu diperlukeun 
dina raraga eta, sim kuring rek mernahkeun sagalana dina visi jeung misi 
‘ngigelan jeung ngigelkeun pajamanan’”, saur KHS ngamimitian medarkeun 
pangemutna. 
   
  “’Ngigelan’ hartina, urang bisa ngimbangan kana naon rupa pameredih tina 
kamajuan jaman. Singgetna, urang teu katinggaleun ku Daerah/bangsa sejen. Ngan, 
dina istilah ’ngigelan’ aya wanda urang responsif atawa reaktif: aya guay 
alatan aya tantangan atawa kadorong ku anu datang ti pihak sejen. Sabalikna, 
dina istilah ’ngigelkeun’, urang aktif salaku anu milu nangtukeun jihat 
parobahan kaayaan jaman luyu jeung cita-cita atawa visi jeung misi urang”, saur 
KHS. ”Lamun dina ’ngigelan’, urang narik ti anu datang ti luar pikeun 
disaimbangkeun jeung anu aya di urang atawa nyaimbangkeun anu aya di urang 
jeung tantangan anu datang ti luar; dina ’ngigelkeun’ mah urang nyalabarkeun 
naon rupa anu aya di urang anu teu eleh upama dibandingkeun jeung anu datang ti 
luar”. 
   
  ”Upama ’ngigelan’ sifatna narik anu global diluyukeun jeung anu  lokal, 
’ngigelkeun’ mah nyalabarkeun anu sifatna ’mondial’ (lokal) ka dunya global. 
Anapon ’pajamanan’, ngahaja istilah eta digunakeun, lain istilah ’jaman’. Sabab 
’pajamanan’ mah dinamis, sedengkeun ’jaman’ mah statis, conto: Jaman Batu”, 
kitu kurang leuwih pedaran KHS ngeunaan tetengger visi jeung misi pangwangunan 
Jabar kahareup dina babasan  ”Ngigelan jeung Ngigelkeun Pajamanan” (NJNP). 
   
  Saterusna, KHS ngadadarkeun, yen anu jadi korban pangparnana alatan kamajuan 
jaman anu teu kaburu diantisipasi teh eta rahayat leutik anu umumna teu boga 
atikan, boh di padesaan atawa pakotaan (tangtu, KHS ngamaksud ’budaya’ di dieu 
teh budaya dina harti jembar). Sedengkeun, rahayat leutik teh jumlahna 
panggedena, jeung ekonomina umumna walurat. ”Kusabab kitu, dina raraga 
ngungkulan pajamanan ieu sakuduna dimimitian ku program anu ditujukeun keur 
rahayat leutik, khususna di padesaan”, saur KHS saterusna. 
   
  ”Sungapan pasoalan budaya urang ayeuna diantarana ilangna identitas atawa 
ciri anu mandiri  urang sorangan. Loba jelema anu ngarasa kailangan fungsina di 
masyarakat atawa memang teu ngabogaan fungsi anu jadi kareueus pikeun dirina. 
Identitas komunitasna jadi ilang. Sagala rupa kamoderenan anu kapanggih ku 
masyarakat tambah nyamarkeun identitas komunitasna. Kusabab kitu, aya hadena di 
urang ka hareup, dina KTP (kartu tanda penduduk), upamana, dituliskeun oge 
komunitas eta anu boga KTP, conto: ”jaga leuweung”, salian ti aran, tempat 
jeung tanggal lahir, alamat, jeung agama sakumaha biasana. Kucara masing-masing 
penduduk boga identitas komunitas, mangka bisa dipiharep aya kareueus manehna 
kana komunitasna atawa ka masyarakatna. Manfaat leuwih jauh, hal eta bisa mere 
percaya diri ka inyana salaku warga masyarakat. Oge, ngalancarkeun komunikasi 
antar sub budaya”,  KHS mere conto.
   
  3.      Program ”Tri Tangtu di Desa” atawa ”Masyarakat Desa Budaya”: 
Revitalisasi Lembaga Adat di Padesaan
   
  “Salah sahiji akibat tina pangwangunan fisik, upamana, digunakeunana jalan 
tol Purbaleunyi anu ngahubungkeun Jakarta-Bandung, nyaeta pohara ngaronjatna 
anu daratang ka bandung oge wilayah Jabar sejenna liwat Bandung. Hal eta, 
salian ti mere pangaruh positif kana paekonomian Jabar, oge mawa akibat anu 
goreng upama urang henteu siap ngaantisipasi jeung narekahan cara 
ngungkulanana”, KHS ngawitan biantara samemeh medar ideu ”Tri Tangtu di 
Desa”-na. 
   
  ”Upamana wae, di panto tol Padalarang kabejakeun geus biasa upama pasosere – 
malahan pabeubeurang oge - loba barudak abg awewe saumuran budak smp, sma - 
maridang. Ana disampeurkeun ku om-om anu tumpak mobil ti Jakarta eta rumaja 
wanoja teh miheulaan nyarita kieu ka nu nyampeurkeunana: ”Om-om, saya sudah 
mandi, Om!”, saur KHS ngadongengkeun salah sahiji dampak pangwangunan fisik 
kasus tol Purbaleunyi. (Lebah dieu Kang Dana Setia (KDS) nyela, maksudna 
heureuy: ”Lamun aya awewe abg naros ka akang di tol Padalarang seperti kitu, 
atuh waler  wae kieu:’Neng-neng, om juga mau mandi nih!’,  hehehe”).  
   
  Cindekna lalakon abg awewe di panto tol ieu teh taya lian iwal ti kamunduran 
moral anu ngarupakeun salah sahiji akibat goreng tina pangwangunan. Hiji 
lalakon anu tambah nguatan kamelang anu sarupa anu ditepikeun samemehna ku Kang 
Yayat (KYH), Kang Wahyu (KWW), oge ku KDS. Yen kamunduran budaya atawa, 
leutikna, pagedrug budaya anu bisa jadi sababiah kamunduran kahirupan boh 
bangsa atawa suku bangsa, anu dicirikeun – utamana jeung pangbahayana – ku 
kamunduran moral. Pikeun ngungkulan eta kamunduran budaya, dina raraga NJNP dua 
program diusulkeun ku KHS. Kahiji, program “Tri Tangtu di Desa” (tina jihat 
carana) atawa ngawangun “Masyarakat Desa Budaya” (tina jihat hasilna). Kadua, 
program pakait jeung atikan. Duanana eta program satemenna pakait kuat pisan 
antara hiji jeung nu sejenna.
   
   -  Pamiangan Program ”Tri Tangdu di Desa” atawa”Masyarakat Desa Budaya”
   
  Samemehna, KHS nepikeun definisi kabudayaan anu jadi cekelanana. Yen 
kabudayaan teh nyaeta hasil mikir jeung gawe manusa sapanjang lalampahan 
hirupna di ieu alam, boh sacara sorangan-sorangan atawa babarengan dina wangun 
Cipta, Rasa, Karsa, jeung Karya anu ngawengku tataran ideu, ajen-inajen 
(normatif), jeung fisik”. Sakumaha dina makalahna, KHS nerangkeun yen ”Tri 
Tangtu di Desa” atawa ”Masyarakat Desa Budaya” nyoko jeung ngarupakeun hasil 
revitalisasi konsep/ikon budaya baheula,  ”Tri Tangtu di Buana”, anu ditujukeun 
pikeun ”Ngertakeun Bumi Lamba”. 
   
  Boh ”Tri Tangtu di Buana” atawa ”Ngertakeun Bumi Lamba” eta kaunggel dina 
naskah kuno Sunda ”Amanah Galungung” jeung ”Sanghiyang Siksa Kanda Ng Karesian” 
(SSKS, abad 15 M). Sakumaha dina SSKS, tujuan hirup manusa teh nyaeta pikeun 
ngaraharjakeun alam dunya (Ngertakeun Bumi Lamba). Anapon ”Tri Tangtu di 
Buana”, sakumaha dina ”Amanah Galunggung”, netelakeun yen ieu dunya teh bisa 
raharja anu walatra lamun geus tumerapna tilu fungsi anu jadi paku dunya. Anu 
tilu teh nyaeta: ”Rama”, ”Resi”, jeung ”Prabu”.  
   
  KHS nerangkeun, yen simbol ”Rama” eta ditujukeun kana tumerapna (B. Ind. 
berfungsinya) kulawarga jeung komunitas masyarakat sangkan lahir karaharjaan 
kulawarga jeung masyarakat; falsafahna: ”Gurat Lemah” anu ngandung makna 
nyiapkeun kahirupan anu raharja lahir jeung batin. Ikon ”Resi” ditujukeun kana 
kaayaan tumerapna alim ulama, atawa manusa-manusa luhung ku elmu, pikeun 
ngarojong kamajuan jeung kahirupan masyarakat; guratna ”Gurat Cai”, ngandung 
harti nuwuhkeun kualitas kahirupan. Anapon ikon ”Prabu” eta lambang tina 
tumerapna ’trias politika’, birokrat/para pimpinan rahayat, anu nyarieun jeung 
ngalaksanakeun hukum ; falsafahna ”Gurat Batu”, ngandung maksud taat jeung 
nanjeurkeun hukum.  
   
  -  Sumber Pangrujukan jeung Panafsiran Unsur ”Tri Tangdu di Buana” pikeun 
Program ”Tri Tangtu di Desa” atawa” Masyarakat Desa Budaya”
   
  Saterusna, KHS ngadugikeun yen eta hasil revitalisasi budaya teh nyumber kana 
sad (6/genep) ajen-inajen kamanusaan kaasup sakabeh indikator atawa ciri-ciri 
udaganana. Sad kamanusaan teh nyaeta: 1) Moral Manusa ka Pangeranana (MMT), 2) 
Moral Manusa ka Pribadina (MMP), 3) Moral Manusa ka sasama Manusa (MMM), 4) 
Moral Manusa ka alam sabudeureunana (MMA), 5) Moral Manusa kana Waktu (MMW), 
jeung 6) Moral Manusa kana Lahir Batinna (MMB). Dina SAD kamanusaan, tembong 
perhatian KHS-sakumaha anu mindeng ditepikeun dina sababaraha kasempetan, kana 
pasoalan ”waktu”. ”Urang, geus lila mopohokeun waktu. Kusabab kitu, dina ajaran 
moral perlu ditepikeun khusus pentingna perhatian kana waktu”, saur KHS..
   
  (Katangen yen KHS kuat pisan nempatkeun MORAL salaku anu nangtukeun 
maju-mundurna budaya hiji bangsa. Hal ieu sapagodos oge jeung pamadegan Kang 
Saini K.M dina bukuna ”Krisis Kebudayaan”. Kaharti ari kitu na mah. Upamana 
wae, laku lampah korupsi – anu gede pangaruhna kana paekonomian jeung etos 
kerja rahayat sakumna–dimimitian ku lunturna moral)
   
  Tembong yen ”Tri Tangtu di Desa” teh ditujukeun utamana pikeun masyarakat 
padesaan. Kalungguhan ”Prabu”, ”Rama” jeung ”Resi”, sakumaha dina ”Tri Tangtu 
di Buana”, dina ”tri Tangtu di Desa” ku KHS ditafsirkeun kieu: ’Prabu’ sarua 
jeung Pangagung (B.Ind. Perangkat) Desa, ’Rama’ sabanding jeung Rahayat atawa 
cacah jiwa minangka ipukan, sedengkeun ’Resi’ saimbang jeung Dewan Desa, LSM 
atawa Tokoh Masyarakat (pamimpin). Laju, ku tumerapna eta fungsi-fungsi kalawan 
patokanana sad kamanusaan, pikeun ngudag 4 kualitas manusa anu universal, keur 
ngahontal kualitas manusa Jabar anu unggul, make komunikasi cara SILAS.
   
  -  ”Indikator Tujuan jeung Sasaran Program ”Tri Tangdu di Desa”/”Masyarakat 
Desa Budaya”
   
  Anu dimaksud ku 4 kualitas manusa anu universal, dina ikon Sunda,  nyaeta: 1) 
”Luhung Elmuna” (IQ: Intelektual Quotient; Kecerdasan Intektual), 2) ”Jembar 
Budayana” (EQ: Emotional Quotient; Kecerdasan Emosi; 3) ”Pengkuh Agamana” (SQ: 
Spiritual Quotient; Kecerdasan Spiritual atawa Ruhaniah); jeung 4) ”Rancage 
Gawena” (AQ: Actional Qoutient; Kecerdasan Perilaku). Sedengkeun anu dimaksud 
salaku komunikasi SILAS nyaeta: a) Silih Asih anu hartina nyambungkeun kanyaah 
(bersilaturakhmi), b) Silih Asah anu ngandung maksud silih pinterkeun 
pangaweruh lahir batin; jeung c) Silih Asuh anu muatan silih pahamkeun posisi, 
ka-siger tengah-an, jeung kaahlian (posisioning, proporsional, profesional).
   
  Anapon usulan indikator manusa pinunjul Jabar ti KHS nyaeta 9 ”R” anu mindeng 
kasebut-sebut di jero masyarakat. Ieu ”9 R” teh nyaeta: ”Cageur”, ”Bageur”, 
”Bener”, ”Pinter”, ”Singer”, ”Teger”, ”Pangger”, ”Wanter”, ”Cangker”. 
Katerangan saterusna ti KHS ngeunaan ”9R” anu jadi udagan pangwangunan budaya 
ieu seja didadarkeun dina guaran jejer saterusna pakait atikan.. 
   
  -  ”Jaga Raksa Desa” salaku Program ”Tri Tangtu di Desa”/”Masyarakat Desa 
Budaya”
   
  ”Eta kabeh proses, dina tataran praktekna dilaksanakeun ku cara 
ngarevitalisasi lembaga adat jadi naon anu disebut ’Jaga Raksa Desa’”, saur KHS 
neruskeun pedaranana. Saterusna KHS ngajelaskeun yen ”Jaga Raksa Desa”  ieu 
diwangun ku 6 kelompok aktivitas atawa ’kalungguhan adat padesaan’. Kelompok 
anu 6 eta teh nyaeta: 1) Jaga Baya, ditujukeun pikeun ngokolakeun kaamanan, 
katartiban, sosial, politik, kawilayahan atawa geopolitis padesaan); 2) Jaga 
Akidah, diancokeun pikeun ngajaga ajegna ajen-inajen agama atawa religi; 3) 
Jaga Buana Wana Tirta, dilarapkeun pikeun ngajaga lingkungan hirup (anu penting 
pikeun sumber kahirupan babarengan sarerea, saperti taneuh, leuweung, cai jeung 
hawa/angkasa); 4) Jaga Winaya, pikeun ngajaga lumangsungna atikan formal, 
informal, jeung non formal); 5) Jaga Raharja, diancokeun pikeun ngajaga 
paekonomian rahayat nyoko kana walatra raharja sarerea; jeung 6) Jaga Budaya, 
keur ngajaga seni budaya, etika, estetika dumasar moral kamanusaan. 
   
  Dina bagean akhir pedaranana ngeunaan revitalisasi lembaga adat padesaan ieu, 
KHS nyaurkeun kieu:”Sakabeh kagiatan budaya ieu katut indikatorna, ajen-inajen 
universal udagan atikan atawa ’9 R’ dina ’local genus’ budaya Jabar (”Cageur, 
Bageur, Bener, Pinter, Singer, Teger, Pangger, Wanter, Cangker”) ngamura kana 
’Gemah Ripah Repeh Rapih, Bhinneka Tunggal Ika’. Nya anu akhir bieu anu 
ngarupakeun ciri geus ngertakeun bumi lamba atawa geus jadi ’rahmatan lil 
alamin’”. Dina panutupna pisan pedaranana, KHS ngusulkeun salah sahiji tindakan 
anu kudu digarapan bareng jeung lumangsungna eta program. Nyaeta, nerapkeun 
katangtuan pikeun warga Jabar sangkan dina KTP-na masing-masing dituliskeun 
katerangan atawa kode khusus anu netelakeun yen eta anu boga KTP teh aktif 
atawa anggota tina salah sahiji kelompok ’Jaga Raksa Desa’ (naha Jaga Baya, 
Jaga Akidah, jst). 
   
  ----------------
  (”Leuh...lamun seug ieu tetengger NJNP di pedesaan prak dilarapkeun, kalawan 
dirojong ku sarerea, tada teuing meureun saeutik-saeutik mah kakuatan budaya 
urang - anu di mimitian di padesaan- teh  baris kuat. Tacan kabayang pisan 
prak-prakanana eta ’program, ”Jaga Winaya”, upamana, naha lembaga adat anyar 
ieu teh tanggungjawabna nepi ka bisa nyakolakeun atawa mere atikan dasar ka 
warga masyarakat desa anu teu mampu? Sok sanaja kitu, hate ieu yakin, eta 
lembaga anyar lamun diheuyeuk kalawan daria, gawena bisa nepi ka dinya. Ti mana 
beayana? Aeh, tina budaya keneh apan urang gaduh titinggal kaarifan lokal, 
upamana: budaya ”beas perelek”, oge aya anu leuwih heubeul: ”kapas timbang pare 
dongdang”, jeung sajabana”).
   
  (teruskeuneun)
   
  baktosna,
  manAR

       
---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. 

Kirim email ke