nuhun mang harja (tadi mah disebut kang ketang haha) pasti aya gunana :) kuring kaasup jalma nu resep mun ningali (tara ngiluan) obrolan ngeunaan teori evolusi. lolobana mah antara agamawan jeung ilmuwan.. eh nu ngarojong teori "diciptakeun" jeung nu ngarojong teori evolusi ketang hehe
salah sahiji kasimpulan tina ningali padungdengan tea. geuning elmu jeung agama teh beda. dina elmu mah koreksi hiji teori teh lumrah pisan, jeung bisa jadi teori anyar lamun didukung ku argumentasi nu leuwih kuat. ari dina agama mah rada hese lamun urang hayang ngeundeuk-ngeundeuk teh hehe. meureun beda antara elmu jeung agama teh palebah dogma nya? ah ngabejaan bulu tuur we ieu mah :) d On 8/25/07, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Baraya, di ieu milis kungsi dipadungdengkeun perkara asal usul jelema. > Pikeun nambahan info aya artikel menarik, pakait jeung koreksi kana teori > Darwin. Sugan we aya gunana. > > salam, > mh > ========== > > -- ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.: datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

