Punten ngiring ngarojong
Diraraoskeun mah muhun pisan basa Sunda teh parantos kapohokeun ku
urang sunda nyalira. Kaleresan sim kuring ngumbara di Cibitung anu
saleresna masih keneh Jawa Barat, tapi naha teu sakedik urang sunda
sapertos nu isin nyarios ku basa sunda, padahal pas dikawitan ku sim
kuring di ajak ngobrol ku basa sunda akhirna kersaeun oge ngobrol
nganggo basa.
Anu langkung ngagetkeun mah waktos sim kuring ngobrol sareung sepuh di
lembur eta ku basa sunda naha dugikeun ngalarapkeun kecap "paeh" ka
hiji jalma malah saur pamendak sim kuring mah rupina jalmi luhung da
gelarna oge haji. Aya deui cariosan sepertos kieu: " Naha nya urang
kamari balik kaimah ujug teu bisa leumpang, asa beurat suku teh
padahal da teu ngakan naon-naon". Ieu cariosan teh di kedalkeun ku
hiji sepuh. Tidieu tangtos tiasa di tarik kasimpulan, ti kawitan iraha 
basa sunda teh ngawitan molorot tina ngalarapkeun undak usuk basa dina
kahirupan sapopoe. 
Ka urang-urang sunda nu dimana bae ayana kade ah ulah isin-isin
nyarios ku basa sunda ulah sok kaelehkeun ku urang jawa, aranjenna mah
sok raraos bae ngobrol make basa maranehna.

Salam pangwanoh

Iwan
Air Liquide  Cibitung






--- In urangsunda@yahoogroups.com, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Lamun Urang sunda leungit basana, leungit oge jati dirina. Sok we,
da dina segi awak sareng pamenteu mah Urang Sunda teu benten sareng
Urang Jawa. Lamun teu ku Basa, ku naon ngabedakeunana. Jiga Urang
Inggris sareng Perancis we kitu, da lamun teu ku basa mah, hese
ngabentenkeun urang Inggris sareng perancis.
> 
> kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               Sapuk,
Kang...
>  
>  Aya deui conto, sakumaha anu didugikeun ku PR sababaraha dinten ka
pengker: pamaen asing Persib bingungeun nalika hayang bisa diajar basa
Sunda, sabab babaturanana pamaen anu urang Sunda sarangeuk, teu
wanieun ngajarkeun alatan ngarasa teu bisa ngawasa basa indungna sorangan.
>  
>  Kitu deui anu kabaca dina notulensi anu didugikeun ku Teh Ika...
Eta Kang Budhyana (punten pami lepat) make jeung sasadu heula, alatan
cenah basa Sundana awon, pedah manehna urang pakidulan. Memang bisa
bae nyarita kitu teh pedah bae handap asor, tapi nyaan kuring mah
kadang jengkel ka nu sok kitu peta teh... Gara2 sieun salah, antukna
eta basa ditinggalkeun...
> 
> 
>  On 8/28/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            
                         
> Conto-conto kasus sapertos kieu henteu sakedik. Hal ieu anu
ngabalukarkeun kamelang sabagian urang Sunda kumargi bade "bertahan"
kumaha basa Sunda teh upami urang sundana (manusia pendukungna) "tidak
bertahan".
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> -- 
> sikandar
> kumincir.blogspot.com 
>      
>                                
> 
>        
> ---------------------------------
> Boardwalk for $500? In 2007? Ha! 
> Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at
Yahoo! Games.
>


Kirim email ke