Assalamualaikum wr.wb. Lian ti ngaran2 wanci nu tos dipedar tipayun, aya deui sesebutan waktu nu sanes nyaeta :
1. Sakedet Netra = (asalna sakedep netra), kedep = kiceup, jadi hartina sakiceup, nuduhkeun waktu anu sakeudeung pisan 2. Sakilat = nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan 3. Sapanyeupahan = nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira sarua jeung lilana nu keur nyeupah. (## naha ayeuna aya keneh nu nyeupah??) 4. Sapangejoan = nuduhkeun waktu anu rada lila, salila anu keur ngejo/nyangu (##tergantung, ngejo na hawu apa na kompor gas, beda waktuna, kumaha tah?) 5. Saumur jagong = kira-kira tilu bulan satengah 6. Sataun landung = sataun leuwih 7. Sawindu = dalapan taun 8. Saabad = Saratus taun 9. Poe iyeu disebut ‘ayeuna’ 10. Poe nu geus kaliwat disebut ‘kamari’ 11. Poe sanggeus kamari disebut ‘mangkukna’ 12. sapoe nu bakal datang disebut ‘isukan’ 13. sapoe sanggeus isukan disebut ‘pageto’ 14. sabada pageto disebut pageto ‘amat’ 15. waktu nu cikeneh karandapan disebut ‘bieu’ 16. waktu nu rada lila kaliwat disebut ‘tadi’ 17. waktu nu geus lila kaliwat disebut ‘bareto’ 18. waktu beh ditueun bareto disebut ‘baheula’ 19. waktu nu sakeudeung deui bakal karandapan desebut ‘engke’ 20. waktu nu bakal datang disebut ‘isuk/jaga, isuk jaganing pageto’ (Dicutat ti Unak Anik Basa Sunda, Dedi, S.Pd.) (## = catetan ti simkuring) Hatur nuhun. Ahmad Sopiani (sopian) Package Team R & D Group AV Factory LG Electronics Indonesia Block G MM 2100 Industrial Town Cibitung - Bekasi 17520, West Java, Indonesia Mail : [EMAIL PROTECTED] Tel : +62-21-8989418 LG전자 Bergabunglah dengan kami di Dana Abadi Pemberdayaan Ummat : http://dapu. <http://dapu.blogsome.com/> blogsome.com/
<<image001.gif>>