Euleuh hawatos teung neng Roro, eta barang bade diical sabaraha sakilona, abdi 
meser tilu kolo bae mah. Diantos di rorompok, bade dipaketkeun atanapi di 
jingjing kunyalira mangga teu langkung.

TS

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Wilujeng wayah kieu,
Baraya, neda dihapunten  sateuacana....
  
 Saleresna simkuring ngaraos isin bade ngedalkeun kaprihatinan  di milis ieu, 
tapi kumaha deui da kaayaan sim kuring nuju tigerat pisan. 
Sim  kuring gaduh kawajiban mayar sambetan sareng kaperyogian sanesna nu kedah  
enggal-enggal dibereskeun.
Ieu mah bakat ku kapaksa sareng tos teu asa jeung  jiga sareng baraya Kusnet 
teh...
Numawi abdi nyuhunkeun  bantosan.
  
 Sanaos sim kuring peryogi pisan bantosan baraya, tapi sim  kuring teu raos 
upami kedah janten "balamaen" mah...
Sim kuring bade ngical  harta banda nu masih aya keneh...
Pami diantawis baraya aya nu bade  ningalian, mangga diantos dinten Minggu di 
rorompok sim kuring.
Pangaos tiasa  ditawis, nu penting tiasa enggal pajeng.
Bilih bade ningali heula barang naon  bae nu bade diical, sumangga ditingali 
dina pail nangkod.
  
 Hatur nuhun pisan,
ro2

 
     
                               

       
---------------------------------
Building a website is a piece of cake. 
Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online.

Reply via email to