Kahatur baraya,

Baraya simabdi langki ngalongok lembur, sanes joledar tapi kumargi 
pakepuk liwat saking. Sono pisan hayang tepung ti memeh jung, najan 
hate kapidangdam, ngarakacak lir ngoceak duuuhh...., heup ah 
kalahkan ngacapruk ningan nya.

Kumaha baraya pupuhu sinareng kuncen Kusnet daramang? Sono pisan ka 
Kang Oman, MJ, Ua Sas, Kang Kumi, Si Empup, Indung Peuting (Teh 
Tien), sareng sajabina, sonoooooooooo liwat saking.

Atuh kitu deui ka kadang wargi warga enggal anu teu kantos tepang 
sareng simabdi "si Kang Ya", si Tungtung Seoul, ngahaturkeun 
wilujeng "kenal" omat pami pendak dipasimpangan ulah teu narosnya, 
mangga sing bebetah di Lembur Babakan Kusnet.

Insaallah Kang Yaya baris matandang dina kaping 31 Oktober - 1 
November di kampus Cap Gadjah, ITBEW tea, bilih aya anu katarik ati 
mangga tingalian dina webnet ieu:http:

//www.sem-pharmaceutics.net/speakers.php?
PHARMSES=c4e4802150232b7c5f6d608ebd002d13

atawa dina:

http://www.sem-pharmaceutics.net

Sonona,
Kang Ya Ya

 

Kirim email ke