Saptu2 pasosore geus di bell ku kang hendra jeung kang hadi, ceuk cenah samemeh 
urang ka KBS teh kudu ka RRI heula. Da biasa ngisian acara na Mang Emang tea nu 
sok matuh tiap poe saptu jam 4 sore di RRI Bogor, sabab Mang Eman na geur 
ngajomantara ka nagara deungeun.

Pas jam 4-an teh Kang Hendra muka acara Medar Sajarah teh, nya ari kuirng mah 
milu weh sabari juprat jepret motaon, sabab geus aya ieu Pak Inotji salaku 
sumberna, jeung sakapeung mah kang hadi sok tatanya oge. Ari topikna mah 
ngeunaan embaran Festival Budaya tea nu gaduh judul Tepung Pare jeung Agraris 
tea, didinya ku pa Inoci di embarkeun rehna ieu acara teh lain keur pajabat wae 
tapi keur rahayat cacah acara teh lumangsung ti mimit poe sabtu nepikeun ka poe 
salasa.

Pas jam 5-an kuring kaluar heula nanggoan kang tantan , sabab deuk ilu nare di 
KBS teh. Sanggeus teu sabaraha lila sanggeus acara rengse urang 4-an mangkat ka 
KBS teh bari di angkot teh cacahan heula. Da lumayan jalan teh rada macet sabab 
keur tanggal ngora meureun, sanggeu aya kanu sajam-an geus nepi ka dukuh 
menteng, ngan kuring rada ngorenjat sabab jalan nu biasana loba batu sekeut 
jeung tarahal teh kiwari geus génah komo mobil jeung motor mah , teu kawas 
samemehna hese jasa jalan kadinya teh, ceuk cenah masarakat teh geus babaraha 
tahun hayang nyiuen jalanna teh di bebenah, tapi sabab Kang Gubernur bade 
dongkap mah ningan Kabupaten teh surti pisan.

Teu kungsi lila aya kanu 5 menitan geus nepi ka KBS teh, bari ningalian leuit 
teh, kuring ningalian aya 6 kabupaten nu miluan tepung pare teh, basa disidik2 
teh di lueit ratna inten nyaeta leuit pang badagna aya tulisan kabupaten bogor 
jeung kabupaten subang. Nya didinya ge papanggih jeung rengrengan ti UI samodel 
neng agi jeung cep mufti tea kuring hanjakal keun kang agus aris teu dongkap 
jeung kang mumu da biasana sok ngaduk bako bari cacahan jeung pak inochi teh, 
sok resep tuda ngobrol ngeunaan sajarah tapi eweuh mistikan. 

Geus teu lila kuring ka imah panengen didinya kuring nare bareng kang tantan 
jeung pa inoci , nya kusabab haredang mandi heula sabab teu genah kareunang, 
nya hawana rada tiis jeung nyeuleuceup, sanggeus mandi mah rada bengras jeung 
caang, nya bari nyeuneut sokam teh rada hanuet sanggeus mandi mah.

Hanca

       
---------------------------------
 Yahoo! Answers - Get better answers from someone who knows. Tryit now.

Reply via email to