Kamari, wanci haneut moyan, kantor kuring kasumpingan hiji nonoman. Ari ningali romanna mah asa kenal, tapi hilap deui namina. Sabada sasalaman, srog masihkeun Ginseng titipan ti Apih Sidik. Kuring kerung nginget-nginget, saha ieu budak teh. lebeng teu kapikiran. tapi barang dibejakeun ti Metalurgi Fakultas Teknik UI, braya wae pipikiran teh caang. Kapungkur taun 1990 an,upami ngulampreng ka Dekanat Fakultas Teknik sok pendak sareng cep Badrul Munir, staf wakil Dekan IV FTUI. Ayeuna tos ngagondol S3 ti Korea saurna teh.
Hatur nuhun kana kintunan ginsengna. Ayeuna kuring gaduh kabiasaan enggal, ginseng teh dicampur gula beureum kintunan ti indung kukutna pun bojo ti Pagelaran (Cianjur Kidul), Ditinyuh ku cai asak ngagolak. Suruput-suruput, ni'mat pisan. Maknyos lah. Pih, ping 11 dugi ka 15 September Bos sareng Super Bos Pun bojo bade ka Korea Selatan. Duka sabaraha jalmina mah. Namung anu tos pasti mah Ibu Danti (Bos Pun bojo), sok sanaos istri, tapi sikepna sok togmol sareng tegas, perfeksionis. Upami Super Bos Ibu Meutia Hatta, sarwa lembut, sarwa klasik, katingali dina cara nyarios sareng ngangge anggean. Wartoskeun wae Apih rerencangan abdi. Kamari minggu (01/09)kapendak sareng anjeunna dina acara FISIP FUN FAIR di Depok. Pami aya waktos, dijadwalkeun supados Super Bos masihan ceramah dipayuneun masyarakat Indonesia di Korea Selatan, topikna "Antropologi, Pemberdayaan Perempuan dan Integrasi Nasional". Hiji topik anu aya pakaitna sareng widang kaahlian anjeunna, sareng kaayaan Indonesia anu nembe ngarayakeun HUT Kamerdekaan. Dijamin, Super Bos tiasa masihan ceramah. Pami tiasa mah, tong nyabit-nyabit perkawis anu aya pakaitna sareng Ibu Halida. Kajabi upami anjeunna ngawitan nyarios. Sakitu panginten informasi anu tiasa didugikeun. hapunten, upami aya hal-hal anu kirang merenah. baktos, mrachmatrawyani ____________________________________________________________________________________ Boardwalk for $500? In 2007? Ha! Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games. http://get.games.yahoo.com/proddesc?gamekey=monopolyherenow