mun teu salah kuring mah asa tos daftar, he...he....

On 9/3/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> Assalamu'alaikum wr.wb.,
>
>
> Ninggalian daftar anu bade hadir dina catetan kang Ndoell
> geningan teu acan seueur anu bade ngiringan Halal bi halal KUSnet
> 2007teh,kamarana yeuh?
> padahal waktosna kirang ti 2 sasih deui oge kirang ka hari H teh.
>
> Sakali deui we ieu mah moal bosen2, bade nawisan kanggo baraya sadayana
> anu aya di milis KUSnet ieu teu aya anu di wilah-wilah estu sadayana anu
> ngaraos ngiringan ieu milis,
> Simkuring oge rengrengan panata calagara sareng sesepuh KUSnet,seja ngulem
> ka para saderek sadayana kanggo sumping dina acara Halal bi Halal KUSnet
> 2007, anu rencana bade diayakeun :
>
> Tempat        : Bumi Perkemahan Mashudi (kiara Payung) Jatinangor
> Waktos        : Dinten saptu ping 27 Okt.'07 jam 10:00 dugi ka dinten
> Minggon ping 28 Okt.'07 jam 12:00
> Acara                : - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan antar anggota
> milis
>                  - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda
> buhun
>                  - Ceramah Kasundaan
>                  - Pintonan Kasenian SUNDA
>                  - Bazaar KUSnet
>                  - begadang bari siduru, bari beubeuleuman 
> jsté.anuditeraskeun enjingna ;
>                  - Bakti Sosial kanggo masyarakat sabudeureun lokasi HBH
>
>
> Kalintang pentingna ieu acara kanggo urang sadayana, terutami kanggo tetep
> ngajaga,ngariksa sareng manjangkeun tali silaturahim diantara papada Urang
> Sunda sadayana,khususna anu aya dimilis KUSnet ieu,kukituna di harepkeun
> pisan kana kasumpinganana para saderek sadayana.
>
> Atuh kanggo anu bade ngersakeun rurumpaheun sumping kana ieu acara, sim
> kuring meredih nyuhunkeun karidoanana kanggo daftar heula sateuacana,
> supados tiasa ngabantos kana kalancaran administrasi sareng gampang
> utang-etang waragadna kanggo rengrengan panata calagara.
>
> Kukituna mugia para saderek kersa ngeusian heula formulir dipalih handap
> ieu :
>
> -----------------------------------------------------------------
> FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
> 27 ~ 28 Oktober 2007
>
> Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)
>
> Nami :.....................................................
> Padumukan :................................................
> I-mél :....................................................
> No. telpon / Hapé :........................................
> Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
> Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
>
> -----------------------------------------------------------------
> teras dikintun deui ka milis atanapi langsung di Japri(jalur Pribadi) ka
> kang Ndoell : [EMAIL PROTECTED]
>
> Hatur rewu nuhun  kana sagala perhatosan para wargi sadayana.
>
>
> wassalam,
> Panata Calagara HBH KUSnet 2007,
>
>
> -toni sofian-
> Wk. Pupuhu
>
> URANG SUNDA HUDANG EUY!!!
>  
>



-- 
::ri_1::
Hompage : http://inawan.blogspot.com
                 http://inawan.blogs.friendster.com
Mobile     : +62-818-109410
www.urang-sunda.or.id.
su.wikipedia.org
urangsunda@yahoogroups.com
[EMAIL PROTECTED]
urangtasik.multiply.com
inawan.multiply.com

Kirim email ke