Rame kang.

Salah sahijina jadi apal yen Maul teh kuliah masterna di TUHH, sigana beaya
sorangan. Sabab di bab2 awal nyaritakeun kondisina nu bari gawe di ditu di
dieu pikeun bekel kuliah. Malah kosna oge nebeng di flat nu kuduna mah
duaneun, ieu dipake tiluan. Mudah2an bisa ngamotivasi barudak ayeuna sing
teuneug ludeung ngumbara sakola ka eropa/amerika/asia timur, ulah pedah teu
boga dana atawa beasiswa. Maul conto nu sakola teu make beasiswa, ayeuna
cenah keur s3 di inggris. Kang Dian di Karslruhe na sami kitu? Biaya
nyalira? Ari kuliah di jerman mah da haratis. Islami! Haha. Joko Teguh di
elektro Uni Bremen oge biaya sorangan cenah.

 

Soal lalakon manggungna oge matak nambah kareueus, yen angklung geus jadi
duta budaya US di eropa. Di TUHH, technische Universitat Hamburg Harburg
mah, angklung teh jadi salah dua musik nu sok dipake dina acara penerimaan
mahasiswa baru cenah salian ti band resmi TUHH. Hebat! 

Maul jeung Dian sigana bari sakola teh bari ‘promosi’ budaya urang
ngaliwatan angklung. Angklung bisa jadi musik alternatif sabab bisa
dimaenkeun ku lobaan. Teu acara ben. Hade pisan! Hanjakal si kuring mah
euweuh kabisa.

 

Basa ngulampreng ka Hamburg, sapuluh taun katukang, karek sapoe di Hamburg
geus panggih tilu rombongan/tim urang Indonesia. Paingan da cek dina buku
eta, di hamburg msiswa asing panglobana.

 

Eh, kamari ngulampreng ka departemen Teknik Elektro itb (Ayeuna jadi Sekolah
Teknik Elektro dan Informatika nya, STEI) nganteur sobat nu dosen di sr. ka
EL jadi inget kang Dian TN.

 

   _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Dian Nugraha
Sent: Tuesday, September 04, 2007 4:27 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] buku 40days in europe --kang Dina TNugraha

 

Kumaha Mang, rame teu eusi buku teh?

Salah sahiji pangalaman anu moal kahihilapkeun nyaeta, nalika grup KPA3
nembe dugi ka Munchen.
Tadina dijadwal beus nu ditumpakan dugi pasosonten. Ari pek aya halangan di
jalan antukna dugi teh janari. 

Basa turun beberes tina beus, harita jam 2-3 janari. Ujug-ujug aya samobil
pulisi ningker bari nodongkeun pestol. Heuheu..
Dipariosan hiji-hiji, paspor ditarosan.. Disangka imigran gelap panginten..

Salam, 
Dian.



On 9/4/07, mj <HYPERLINK "mailto:[EMAIL PROTECTED]"[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

dina buku 40days in europe, carita lalampahan grup Angklung SMA 3 Bandung
manggung di sabaraha festival di Eropa, Maulana M Syuhada sababara kali
nyebut ngaran Dian, rampak kendang kacapi suling, Karslruhe Jerman

pasti moal salah deui, nu dimaksud Maul pasti ieu Dian Tresna Nugraha.

mj

HYPERLINK "http://geocities.com/mangjamal"; \nhttp://geocities.com/mangjamal


 


No virus found in this incoming message.
Checked by AVG Free Edition.
Version: 7.5.485 / Virus Database: 269.13.5/990 - Release Date: 9/4/2007
10:36 PM



No virus found in this outgoing message.
Checked by AVG Free Edition. 
Version: 7.5.485 / Virus Database: 269.13.5/990 - Release Date: 9/4/2007
10:36 PM
 

Reply via email to