Sugan teh ukur Tatar Sunda nu dijajah Batak, horeng Tatar batak ge kajajah ku urang Sunda, nya? Heuheu... Wilujeng...
Dua minggu ka tukang ge kuring genepan ti tempat gawe ka Medan, opat poe tilu peuting, dikirim salaku pamilon dina acara seminar dua poe nu diayakeun ku USU-Polri. Indit teh rencanana mah jam 9.15-an isuk2 poe kemis make Garuda. Jam satengah salapanan, kuring kakara ngantri cek in, tiluan jeung babaturan. Anu tiluan deui mah geus cek in ti heula, geus nungguan di rohangan boarding. Pas giliran kuring daptar, petugas kalah ngagiring sesa nu ngantri ka juru, tempat ayana pos Garuda. Cenah pesawat nu rek dipake teh gangguan, diganti ku nu leuwih leutik, jadi anu cek in panungtungan teu kabagean korsi. Kuring ukur bisa kukulutus, "Paingan atuh ditolak di Eropah, da geuning kieu..." Sanggeus nungguan sababaraha lila, kuring tiluan meunang kapastian tumpak pesawat jam 10.50. Dibere tiket teh bari jeung diimplik2 ku kompensasi ampir satengah juta. Atoh we nu aya, da teu rugi ieuh uing mah pesawat ditunda ge... Tamba mentegeg, heuheu... Di Medan, pas keur cek in di hotel, panggih jeung babaturan anu indit ti heula. Pas ditanyakeun bener/henteuna aya gangguan, henteu aya nanaon cenah. Atuh naon nu jadi sabab? Horeng simana horeng, sababaraha korsi anu geus dipesen teh 'direbut' ku rombongan pulisi (aya pejabatan) anu rek ngadongdon acara nu sarua jeung kuring. Kasebeleunana deui, eta rombongan pulisi teh datangna telat, nepi ka pesawat kudu nungguan ampir sajam. Pas rombongan pulisina datang, panumpang sejen langsung pada surak maroyok. Mangkaning, ti antara panumpang anu kapaksa nungguan teh aya.... Menpora Adhyaksa! Heuheu... Di Medan, kuring diparengkeun pendak jeung Teh Ely Djulia nu ngahajakeun nyampeurkeun ka hotel tempat acara lumangsung. Nuhun ah, Teh... Tos lami pisan teu tepang... On 9/5/07, Djodi Ismanto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Oouups ! Ada yang kelupaan nih . . . .. > Sedikit informasi , PWS - Medan adalah organisasi nirlaba yang menghimpun > warga Sunda yang ada di Sumatra Utara.Organisasi ini sendiri sudah berusia > belasan tahun dengan estafet kepemimpinan dari waktu ke waktu.Kegiatan > yang selama ini dilakukan adalah si\osial kemasyarakatan dalam hal pertemuan > silaturahmi rutin antar anggota , penggalangan dana bagi korban musibah > bencana di Jawa Barat , serta rencana pendirian gedung dan balai kesenian / > kebudayaan Jawa Barat di Medan. > > -- sikandar kumincir.blogspot.com