salam, Tambah ngaramekeun milis., ngadongeng sakedik ah ngeunaan buku anu kamari loncing tea. Acarana rame pisan. komo pas angklungna maen mah, matak muringkak bulu punduk, lain sieun tapi kumahaaaaaa kitu tah. takjub (naon sundana takjub teh?) meureun nya! Bakat ku atoh. 10 jam lila perjalanan ti jogja ka bandung teh lunas lah. peserta pinuh, undangan sumping, sumawona wartawan mah aya kana salosin. SCTV, ANTV, TPI, TRANS 7, STV, PJTV, BANDUNG TV, RADAR BANDUNG, PR, TRIBUN JABAR, SARENG PUPUHUN YAYASAN PERCEKA.
Hanjakal na memang, teu seueur wargi sunda anu sumping. pedah teu apal kitu. anu katingali mah mang jamal tea geningan. eta oge bari salah. Diajak ngobrol teh sugan teh apal keneh. singhoreng geus sabaraha lila tuluy MJ teh nanya, "ari salman ka mana nya?" hahahaha. kalinglap meureun. pedah tiheula botak ayeuna mancala putra mancala putri jadi kover boy. format acara kuduna mah jalan tilu jam. tapi, waktu indonesia mah memang osok telat. persis ceuk maul dina bukuna. lamun ngayakeun acara dibejaanana teh kudu sajam saacanna. jadi, lamun undangan jam 10. kudu dibejakeun teh jam 9. diitung2 kurang leuwihna ngised 30 menit ti jadwal. Tapi, kabayar lah. nonton tiluan dibaturan mj jeung kang hermawan aksan. plus, aya lalawuh kopi, cai amis jeung sarupaning.betaaaaaaaaaah! tah ngeunaan buku, eusina memang mundel (sakalian promosi :)) pinuh ku pangalaman tur hal-hal positip ngeunaan sikep hirup, sumanget, teu epes meeran jrrd. salah sahiji contona nyaeta hutang anu ngagunung anu jumlahna Rp 200 jutaan. karunya pisan. duta budaya anu kuduna disupport teh malah ballik ti eropa ninggalkeun hutang sakitu gedena. bandingkeun jeung anggaran muhibah anggota2 dewan anu sering disebut studi banding tea. keur acara2 budaya mah wayahna wae usaha sorangan. tapi, najan banga, tetep keukeuh. acara kudu jalan. grup kudu indit ti bandung sok sanajan teu realistis. tinangtu lain hiji keputusan anu babari, nginditkeun tim anu kurang dana. tah, di dieu pisan andil maulana teh. NEKAD NGAJADIKEUN TIM KPA 3 KA EROPA. naha bet nekad? nya kitu tea, ku kaayaan dana kuraaaaaaaaang pisan. tapi dipaksa datang. akibatna naon? tim kudu usaha satekah polah nutupan dana. tiap KBRI "diontrog", komunitas orang indonesia didatangan, teu weleh di tiap tempat anu mungkin ieu tim teh usaha satekah polah supaya bisa ngahasilkeun 10000 euro. Tah ... kumaha dongeng saterasna? mangga diaos nyalira dina buku 40 Days in Europe. harga eceran Rp59.000,- salman --------------------------------- Looking for a deal? Find great prices on flights and hotels with Yahoo! FareChase.