Keur kuring leutik keneh cek kolot dihiji lembur
henteu jauh ti lembur kuring aya arca panganten
sapasang pahareup - hareup nu awewe keur emok nu
lalaki keur sila tapi eta arca geus lila leungit
dipiceun pedah sok aya jelema anu ngimpo jeung
tapa keur neangan nomer hwa hwe.

Ayeuna jadi ngaran lembur nya eta lembur Arca Winangun
kecamatan Pamijahan Kabupaten Bogor henteu jauh
ti kawasan wisata Gunung Salak Endah rutena
lamun numpak angkot ti terminal Bubulak Bogor
numpak nu kajurusan Leuwiliang turun di
Cibatok ganti angkot nu ka Gunung Sari ngaliwatan
pondok pesantren modern Sahid Sahirman turun
di Pasar Jum'at lamun angkotna daekeun terus ka
Desa Gunung Sari nambah deui ongkosna ari jalan
mah bagus tos diaspal terus turun di pondok
pesantren Salsabila.

Sugan aya anu arek naliti asal usul eta arca
bari ulin ka Curug Sarebu, Curug Cigamea, mandi
cai haneut alami terus ka kawah ratu.

Reply via email to