parantos rame, yi. puguh ngiring reueus. geuning ki sunda teh mah
tohaga. matak aub teh eta ku reueus tea. alhamdulillah geuning tiasa
tepang sareng yayi. lintang ti kang ganjar, saha deui yi? na foto nu di
tepas milis geuning, asa aya wawan mulyana, nya?

kang cecep burdansyah tah nu "nyulik" kuring ka mangle teh. haturan kang
cecep? ulasanana akang dina tribun jabar, balaleuneur naker. ngan waktos
ngokolakeun koran suara publik, teu kantos numbu teh, dugi ka -- saurna
-- kang cecep kalebet ngiring "marajian" metro bandung, cikal bakalna
tribun tea.

haturan kang cecep... linggih di cipadung keneh? sono yeuh, hoyong
tepang. waas, basa akang nugaskeun kuring ngadamel reportase "bursa seks
di pantura!" kedah "nyamar" sagala. (kade lepat hartos; "nyamar" sanes
"ngamar" hahaha!)

aeh, kum ka sadaya dulur-dulur di ieu milis, wilujeng saum. mugya tiasa
namperkeun batin, mapag sasih nu leubeut ku ladang amal.

baktosna,

Duddy RS
Plural Room, Indihiang



--- In urangsunda@yahoogroups.com, firman raharja <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Ayeuna mah didieu we di kusnet
> mung janten tukang toong tapi sanes tukang ngorong
> he he he
>
> sok kang ah ramekeun tah
> didieu ge seueur tukang ngarang sareng tulas tulis
> sigana nyambung geura jeung akang
> kang ganjar oge aya kang didieu
>
>
> baktos ah
> pirman tea
>
> ari rorompok mah di Bekasi
>
>
>
>
>
>
>
> Duddy RS [EMAIL PROTECTED] wrote:                                  Leres
pisan. Kumaha damang Yayi? Asa wararaas, waktos di LISES Unpad.
>  Yayi pisan nu "numbukeun" sim kuring teh, sanes? Hahaha! Eta mah
>  sajarah, Yi? Ayeuna di mana?
>
>  --- In urangsunda@yahoogroups.com, firman raharja raharja1973@ wrote:
>  >
>  > Wilujeng tepang kang
>  >
>  >
>  > Punten Kang,
>  > dupi akang teh Kang Duddy Rahayu Suhada tea ?
>  > anu kapungkur mah (duka ayeuna oge) sok di mangle
>  > nelah na Kang Uziel ?
>  >
>  > punten upami lepat
>  >
>  >
>
>
>
>
>
>
>  Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com
>


Kirim email ke