Kedah dilajengkeun atuh Kang, karesep uing biografi nu kitu mah sok inget ka jaman baheula basa uing hirup jaman harita..... (muhun rarasaan......)
wassalam, ----- Original Message ----- From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> To: "Baraya Sunda" <[EMAIL PROTECTED]>; <urangsunda@yahoogroups.com> Sent: Wednesday, September 12, 2007 11:50 PM Subject: [Urang Sunda] Memoir Menak Baheula (1) > Kuring manggihan majalah Intisari Januari 1987 nu dina rubrik "Cukilan > Buku"na "nyukil" buku autobiografi R.A.A Martanagara Bupati Bandung > 1893-1918. Autobiografi langka, sabab jaman harita mah acan biasa > jalma-jalma nyieun memoir. Ku kuring dicoba ditarjamahkeun tina Basa > Indonesia, sanajan cenah buku autobiografi ieu aslina dina Basa Sunda :" > Babad Raden Adipati Aria Nagara Regent Bandoeng". > > Nyanggakeun ...bari natarjamahkeunana titatarajong oge .... > > WAKTU LAHIR > > Poe Salasa, tanggal 3 Sapar 1261 (Februari 1845), saenggeusna shalat Asar, > kolot kuring (Juragan Anom jeung Raden Tejamirah) keur papada ngalangeu di > tepas imah. Harita teh aranjeunna nganjrek di Cipada wetan, pahareup-hareup > jeung masjid. > > Indung kuring keur kankandungan sabroleun. Teu disangka-sangka, kurunyung > sumping tamu, Kyai Hamsilah, saurang guru tarekat ti Pekalongan nu nganjrek > di Cipameungpeuk. Anjeunna seueur santrina di Sumedang. > > Bari ngaleueut kopi, aranjeunna ngarobrol. Ceuk Pa Kyai, waktu anjeunna > sholat di Masjid, anjeunna ngareungeu ti jalma ditukangeunana nu nyebatkeun > Raden Ayu Tejamirah ngalahirkeun. Jadi anjeunna sumping bade ngalongok. > > Indung kuring ngajawab, waktuna acan datang. Tapi, waktu anjeunna asup ka > imah sakeudeung, patuanganana ngadak-ngadak mules. Anjeunna nyuhungkeun > supaya pun bapa ngageroan paraji. Pun Bapa jeung Pa Kyai arasup kajero. Pa > Kyai menta indung kuring ngagoler, terus anjeunna nyalira ngabaca do'a. > Kuring lahir saparapat jam saentasna. Indung kuring geus ngalahirkeun lima > kali, kalahiran ieu nu paling lancar. Lanceuk-lanceuk kuring sabenerna aya > opat urang, tapi maranehna ngantunkeun waktos masih orok keneh. Waktu paraji > datang, manehna ukur ngurus orok jeung tali ari-arina. > > Indung kuring prihatin kusabab kaopat anakna nu tiheula maraot waktu masih > orok keneh. Jadi anjeunna menta didoakeun supaya orok nu ieu umurna panjang > jeung hayang nyaksian kuring jadi dewasa. Indung kuring teu paduli anakna > rek beunghar atawa miskin, nu penting budakna jadi jalma nu bageur. > > Waktu Pak Kyai pamitan arek sholat magrib, anjeunna nyarios ka indung, > "Budak ieu bakal hirup leuwih panjang tinimbang anjeun" > > "DIBEULI" SUPAYA TEU BEREWIT WAE > > Tapi sanajan kitu, nepika umur tilu taun kuring berewit jeung teu > diaharepkeun bakal hirup lila. Dihiji poe, Emangna indung kuring, Aria > Surianagara nu harita jadi Patih Sumedang, nganjang. Istri anjeunna, putri > Bupati Garut. Istri patih teh prihatin ningali kasehatan kuring anu goreng. > Anjeunna nawar arek "meuli" kuring saharga sa-real jeung tujuh rupa > dahareun. Maksudna supaya kuring sehat. Kolot kuring satuju. > > Heuleut sababarha waktu, aranjeunna nganjang deui, "meuli" kuring jeung mawa > kuring ka imahna. Didinya kuring dirawat ku Babu Enih jeung salakina, Bapa > Sanih, nu didatangkeun ti Singaparna. > > Kuring jadi sehat walafiat jeung gancang gede (bongsor?). Kulawarga kuring > kacida atohna, pangpangna mah Emang indung kuring nu harita geus jadi > Bupati, Anjeunna katelah PANGERAN SUGIH, kulantaran loba budak. Waktu umur > kuring lima taun, kuring dijodohkeun jeung putra awewe anjeunna, Armunah, nu > harita umurna tilu taun. > > Waktu umur dua belas taun, kuring disunat bareng jeung dua putra lalaki > bupati, Enden Durahman jeung Enden Durahim. Di kabupaten diayakeun pesta > gede jeung kuring dibere aran Raden Kusumahningrat. > > Lima taun saencanna, waktu umur kuring kira-kira tujuh taun, bapa kuring nu > harita jadi Wadana Cibeureum, mumusuhan jeung Pangeran Sugih. > > Keur supaya teu kajadian perang, bapa kuring dipindahkeun ka Probolinggo. > Pun Bapa ngantunkeun diditu tilu-opat taun saenggeusna dipindahkeun, > anjeunna dimakamkeun diditu. Papisah jeung bapa kuring teu pati nyedihkeun > kuring, sabab geus lila kuring teu cicing jeung kolot. Nu dianggap kolot ku > kuring nyaeta Mang Suriangara (Pangeran Sugih) jeung Bibi Lenggangmantri, > kulantaran sainget kuring, kuring geus cicing jeung aranjeunna. > > JADI ANAK ANGKAT RADEN SALEH (Pelukis kasohor Indonesia abad 19) > > Kira-kira satengah taun geus disunat, Raden Saleh, "Tukang Gambar Raja", > nganjang ka Sumedang, jeung mondok lima belas poe di imahna Bupati. Raden > Saleh ditarima make upacara siga kaanjangan Bupati. Pangeran Sugih nawarkeun > putra-putrana, kuring jeung Durahim ka tamuna teh. Kuring jeung Durahim > dibawa ka Batavia jeung cicing di imah Raden Saleh di Kampung Gunungsari di > beulah kaler kota, di sisi Ciliwung. > > Istri Raden Saleh, urang Eropa, Nyonya Winkel Hagen, tadina randa tinu boga > tanah di Gemolak, deukeut Semarang. Istrina kasohor jalma beunghar. Di > Batavia anjeunna pakepuk ngurus pabrik batikna. Anjeunna oge gaduh pabrik > minyak seungit dimana kembang gambir jeung kembang malati diolah. Salian ti > eta anjeunna oge gaduh toko emas. Didinya digawekeun tukang emas (pengrajin) > nu nyieunan ali, liontin, jepit jeung perhiasan sejenna. Kabeh jongosna, > kaasup nu ngurus istal, didatangkeun ti Jawa (maksudna urang Jawa). Jadi > kuring kudu make basa Jawa sapopoe. Kuring ngan bisa ngomong basa Sunda > jeung Durahim. > > Dihiji poe, Raden Saleh ngabejaan yen kuring jeung Durahim rek dikirim ka > Semarang, rek diasupkeun ka sakola Jawa. Cariosna : "Supaya engkena aranjeun > bisa digawekeun ku pamarentah di daerah Sunda atawa di daerah Jawa. Ibu (Ny. > Raden Saleh) engke rek mawa aranjeun ka Semarang" > > Di jaman eta, acan aya kapal api (uap), jadi make kapal layar. Kuring > sarerea indit ti Palabuhan Batavia ka Semarang make bargas "Al Noor". > Saperti biasa waktuna teh genep poe. Di Semarang kuring nganjrek di imah > padagang Palembang Ence Dimah, di Kampung Pekojan. > > Sapuluh poe ti harita, kuring jeung Durahim dikirim ka Sakola Jawa > dikalereun alun-alun. "Didieu maraneh kudu ngaku kulawarga Raden Saleh". > kitu > papatah Nyonya Raden Saleh. > > Nyonya boga kulawarga loba di Semarang. Anjeunna nganjrek dua bulan ngurus > paninggalan almarhum salakina anu tiheula. > > > [Ke dilajeng deui, upami keyeng .....] > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > >