Bade ngiring aub ah,ngomenrtaran perkawis dihandap.
Waktos reformasi "digulirkan", saleresna mah, hal anu
kedah dibereskeun perkawis birokrasi. Gentos menteri
heunteu "menyelesaikan masalah". Pelaksana birokrasi
anu utama ti eselon 1 dugi ka eselon IV. Upami
"mindset" birokrasi eselon I-IV heunteu robih, anu
bakal kajadian contoh ekstrimna nyaeta kasus di
Kementrian Kelautan dan Perikanan mangsana Rohmin
Dahuri.
Ayeuna, Menteri keuangan ngayakeun "gebrakan" motong
anggaran satiap Departemen dugi ka 70 %, puguh wae
para pelaksana birokrat pada "ngoceak". babakuna mah
anu biasana royal diwowoy ku anggaran "berlimpah",
jadi seret. pertanggungjawaban anggaran oge
"diperketat". Tapi da biasa tos lihey dina ngahamburan
anggaran, aya wae celah-celah anu masih tiasa
dimangpaatkeun. Perjalanan ka luar negri, contona,
masih longgar.
Anu utamana mah, ngarah anggaran teu bocor mah, salah
sahijina naekkeun gaji atanapi tunjangan PNS ka
tingkat anu layak. Margi salami ieu, gaji anu ditampi
pagawe nagri teh, mung seperduawelas anu sakedahna
(data waktos Menpanna Sarwono Kusumatamadja). Asuransi
kasehatan contona, mung layak kanggo PNS golongan IV
kaluhur, ari PNS golongan III kahandap mah, masih
pikarunyaeun.
Naekkeun gaji, ngabalukarkeun "bengkak" APBN. Teu
naon-naon, da hakna PNS dipasihan imbalan anu layak.
Tibatan APBN "bengkak", tapi kanggo ngabeayaan mayaran
hutang para pangusaha anu "ngemplang".
baktos,
mrachmatrawyani
--- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Artikel heubeul anu nyuat2 prinsip NPM versus
> Birokat.
> Anggaran Taun 2007 keur PN,ABRI jeung POLRI RP 99
> Triliun. Korupsi tetep menggebu. Pangangguran 42
> juta
> jelema....
> ================================================
>
____________________________________________________________________________________
Don't let your dream ride pass you by. Make it a reality with Yahoo! Autos.
http://autos.yahoo.com/index.html