siiiiiipp Lanjut kang.... Asa nempo filem si pitung Kang..hehehe hatur nuhun Kebu
----- Original Message ----- From: waluya56 To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Thursday, September 13, 2007 2:33 PM Subject: [Urang Sunda] Memoir Menak Baheula (2) Sambungan tinu kahiji .... SEN NGAGANTI DUIT*) Saentasna Ny. Raden Saleh mulang deui ka Batavia, kuring jeung Durahim ngarasa culang-cileung ngan duaan. Ence Dimah dibere tugas ngurus kuring duaan. Unggal poe dibere hiji wang (dalapan duit) jeung lima duit keur meuli dahareun. Kuring dahar babarengan jeung para jongos Ence Dimas. Unggal jam 6.00, awewe-awewe kolot nu jualan sangu jeung sayur datang. Lamun kuring jeung Durahim culangung nyendok sayurna, maranehna sok mapatahan: " Jang, gunakeun sopan santun tata cara! Saha nu nyaho engke maraneh jadi mandor atawa jurutulis. Jadi ti ayeuna maraneh kudu diajar tata-tertib, ulah isuk-isuk keneh geus balangdahar" Sataun mimiti kuring jeung Durahim teu kungsi papanggih deui jeung urang Sunda. Sakali mangsa, waktu kuring jalan-jalan di alun-alun, kuring jeung Durahim papanggih jeung lalaki asal Cianjur, R. Kartakusumah, nu engke jadi Wadana di Cikalong Cianjur. Ceuk manehna, manehna keur marengan kontrolir ti Ciputri ka Semarang kulantaran kontrolir kudu jadi saksi di Pangadilan. Kuring jeung Durahim mani atoh papanggih jeung jalma anu wawuh. Di sakola kuring lain wae diajar maca, nulis jeung ngitung saperti di Batavia, tapi oge diajar ngagambar jeung geodesi (juru ukur tanah?). Di taun 1858, waktu kuring di Semarang, pamarentah ngenalkeun SEN sabage alat bayar anu sah, ngaganti DUIT. Hal ieu nyababkeun kariweuhan di pasar, kulantaran teu loba jalma nu bisa ngonversikeun DUIT jadi SEN. Jadi di pasar-pasar ditugaskeun patugas nu dikawal ku pulisi keur jadi MONEY-CHANGER! NAEK KUDA KA BANDUNG Dua taun saenggeusna sakola di sakola Jawa ieu, kuring jeung Durahim cukup lancar dina Basa Jawa. Ence Dimah narima surat ti Raden Saleh nu menta kuring jeung Durahim dikirim deui ka Batavia. Kuring jeung Durahim kudu dititipkeun ka jalma nu dipikawanoh pisan ku Raden Saleh. Waktu eta, Kapal uap geus aya di kapuloan ieu. Kuring jeung Durahim dititipkeun ka saurang awak kapal Oenarang, sobatna Ence Dimah. Sangeus lalayaran dua poe kuring tepi salamet ka Palabuhan Batavia. Raden Saleh geus pindah, ti Gunungsari ka Cikini. Kuring jeung Durahim nganjrek 2 bulan di imahna. Terus kuring dijemput ku calon besan Pangeran Sugih. Kuring saparakanca naek kuda ka Bogor jeung Megamendung. Sanggeus opat poe naek kuda. tepi ka Bandung. Di Bandung kuring ditarima di imah bupati Bandung nu disok disebut Dalem Bintang. Panarimaan nu sakitu nyugemakeunana ti bupati Bandung ka kuring jeung Durahim, mungkin kulantaran kuring jeung Durahim barudak ningrat nunggaran anu sakola sakitu jauhna. Dina perjalanan Bandung ka Sumedang, mondok sapeuting di imah Wadana Tanjungsari, R. Wiranagara, nu istrina anak cikal Pangeran Sugih. Engkena R. Wiranagara jadi Bupati Garut. Kuring tepi ka Sumedang samemeh tengah poe jeung langsung ka Pangeran Sugih. Anjeunna nyieun kaputusan Durahim nuluykeun sakola ka Pasantren, ari kuring tetep cicing di Sumedang. Bibi Lenggangmantri parantos ngantunkeun jeung Paman Pangeran gaduh istri anyar, Bibi Yogya. Kuring nganjrek jeung aranjeunna. JADI PENASEHAT PARA WADANA Kuring teu inget deui, iraha tepatna kuring balik ka Sumedang. Mungkin sabulan sanggeus tutup taun 1860. Loba jalma ngalongok kuring. Lima poe saenggeus datang, kuring magang mantuan Paman Pangeran, boh di bumina atawa di kantorna. Kuring dimeunangkeun balik beurang keneh. Bulan Februari 1862, Paman Pangeran marentah kuring jadi guru bantu di Sumedang jeung digajih f 10 sabulan. Kuring kudu ngajar Basa Melayu, ngitung per-peran jeung geodesi. Di waktu eta, padumuk acan akar-ukur make meter. Ukuran nu digunakeun TUMBAK nu sarua jeung 3,7674 meter. Ukuran lega digunakeun BAU nu sarua jeung 7.096 m persegi. Satengah taun saenggeusna jadi guru, kuring dipanggil bupati, ari sihoreng aya assiten residen, nu menta kuring jadi penasehat para Wadana di Kabupaten Sumedang nu keur ngawangun irigasi jeung pengairan sejenna. Gaji kuring ditaekkeun jadi f 16 tapi kuring tetep meunang ngajar dina waktu lowong. KAWIN JEUNG PAPACANGAN KEUR BUDAK Taun 1964 kuring dibenum deui, ayeuna mah diangkat jadi camat di sub- distrik Cikadu. Kuring oge pindah nganjrek ka Cikadu. Sanggeus salapan bulan di Cikadu, Paman Pangeran ngarasa geus waktuna ngawinkeun kuring jeung Armunah, putrina nu keur leutik geus dipapacangankeun jeung kuring waktu kuring jeung manehna umurna lima jeung tilu taun. Kawinan ieu dihajatkeun gede-gedean di taun 1865. Umur kuring dua puluh taun jeung kuring geus aya di Cikadu salila sataun. kira-kira genep bulan saenggeusna, Wadana Distrik datang mere nyaho yen kuring diangkat jadi KALIWON SUMEDANG(?). Di waktu eta para pajabat nu diangkat Wadana teu make surat pengangkatan. Tugas utama saurang Patih aya tilu: nyatet kabeh sawah nu aya di Kabupaten, boga tanggung jawab kana jalan-jalan, sasak, gedong- gedong resmi saperti kabupaten (imah dinas Bupati), imah asisten Residen, imah kontrolir, panjara, gudang uyah jeung gudang kopi. Keur ngalaksanakeun tugas ieu, patih ngamanfaatkeun kerja rodi jeung biayana ditanggung ku desa-desa di Kabupaten. Pamarentah teu mere bantuan duit, sabab padumuk teu mayar pajeg, tapi mayar PANCEN nyaeta sapersapuluh tina hasil sawah jeung kebon. Pancen ditarik ku kapala-kapala Desa nu boga tanggung jawab ka Wadana. Patih jeung pejabat pamarentah sejenna teu meunang gajih tapi meunang bagean tina pancen. Di bulan Juni 1869, kuring diangkat jadi Wadana distrik Sumedang. Di taun eta lahir anak kuring anu cikal nu diaranan Pahrussuhada. Manehna maot waktu umurna kakara dua taun. Di taun 1871, pamajikan kuring, Nyai Raden Ratnainten (Armunah) keuna ku KOLERA tepi ka ngantunkeunana. [Ke dilajengkeun deui upami pareng ......]