Ass Wr Wb...
Salam ka baraya sadayana, wilujeung ngalaksanakeun ibadah shaum 
ramadhan, mugi2 Allah SWT nampi kana amal ibadah urang sadayana, 
Amin....

Saleureusna sim kuring teh parantos lami pisan milarian MP3 lagu2 
sunda kacapi suling atanapi kendang penca, da puguh sesah pisan 
milarian na di Samarinda mah, susuganan aya baraya anu kaleresan gaduh 
referensi atanapi memang gaduh eta barang anu ku sim kuring 
dipilarian, sim kuring myuhunkeun tulungna tiasa nga impokeun ka sim 
kuring, tiasa Japri wae....

hatur nuhun...



Reply via email to