Mangga dilajengkeun deui Kang kanggo bekel saptu minggu ngabuburit biasana
macana dibulak balik terus bakat ku pogot, eta "Arya" teh geuning gelarnya
tapi saha nya anu gaduh wewenang masihan gelar eta pan karajaan urang tos
teu aya, piraku gelar ti karjaan walanda?

wassalam,

----- Original Message -----
From: "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]>
To: "Baraya Sunda" <[EMAIL PROTECTED]>;
<urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Thursday, September 13, 2007 8:05 PM
Subject: [Urang Sunda] Memoir Menak Baheula (4)


> Terasna ti Bagian katilu:
>
> NGABAGI DUA PULO JAWA KU PAGER AWI
>
> Di taun 1873 pamarentah boga maksud ngalegaan pepelakan kopi. Tangkal ieu
> dikenalkeun supaya dipiara di lahan-lahan milik pribadi.
>
> Sanggeus opat taun, Residen Van der Moor jeung inspektur pepelakan kopi
> Fleisch, datang nempo ka Desa Sukatali.  Ditempona buah-buah kopi nu keur
> meujeuhna rek asak. Manehna ngajak sasalaman ka kuring jeung muji kana
hasil
> gawe kuring.
>
> Sabulan ti harita, datang para Wadana jeung camat ka kuring, sina
dialajar,
> sabab pamarentah marentah maranehna supaya ngenalkeun pepelakan kopi ka
> desa-desa. Tilu bulan ti harita kuring meunang  hadiah "Bentang Perak".
>
> Hadiah ieu jadi carita, sabab kakara aya "bentang perak" dibikeun ka
saurang
> Wadana. Wadana Panembong Garut oge meunang hadiah nu sarupa. Engkena
Wadana
> Panembong Garut jadi Patih Sukabumi.
>
> Taun 1879, Jawa Barat kaserang "runderpest" jeung malaria. Wabah  panyakit
> sato "runderpest" mimitina ti Ujung Kulon terus ngalegaan ka wetan,
nyerang
> ka ampir kabeh wewengkon Jawa Barat. Sato nu keuna ku panyakit beuheungna
> bareuh, embung nyato jeung paeh sanggeus tilu poe gering.
>
> Dokter-dokter hewan dikirim ti Eropa, tapi teu bisa nanaon nyanghareupan
> panyakit pagebug sato ieu teh. Waktu wabah tepi ka Kandangwesi di Priangan
> Kulon,  dijieun kaputusan nyieun PAGER WATES ti Kidul tepi ka kaler supaya
> PULO JAWA KABAGI DUA. Dua pager nu sajajar dimaksudkeun keur ngaisolasi
Jawa
> Barat ti bagean sejen Pulo Jawa. Teu meunang aya sato ti Jawa Barat anu
> ngaliwat ieu pager.
>
> Pager nu hiji deui dijieun sajajar jarakna tilu pal ka beulah wetan.
> Masing-masing pager dijieun tina awi nu panjangna 5 m. Supaya kareta Api
> bisa ngaliwat, dijieun panto-panto gerbang di jalan-jalan nu kaliwatan
pager
> ieu. Unggal panto gerbang dijaga dua soldadu. Keur kaperluan eta,
> diturunkeun dua batalyon tantara nu dipimpin saurang Kolonel, dua letkol
> jeung sajumlah Kapten jeung letnan. Unggal nu ngaliwat kudu "dibersihan"
> heula ku karbol. Operasi ieu meakkeun waragad teu kurang ti f 500.000.
>
> Di unggal distrik, camat ditugaskeun ngawas pelaksanaan nyegah panyakit
> menular ieu babarengan jeung puluhan magang jeung jurutulis desa. Unggal
> sato korban wabah kudu dimusnahkeun, Sato ieu dipotong-potong terus
dikubur
> jero pisan. Daging sato ieu teu meunang didahar. Nu boga sato dibere ganti
> rugi f 25.
>
> Taun 1880, Sumedang keuna wabah malaria. Distrik Cimalaka (WLY: Lembur
> kuring ..hehehe)  jeung Conggeang panglobana nu keuna, pangpangna di
> sub-distrik Tanjungkerta, angka nu maot gede pisan jeung loba jalma anu
> ngungsi. Padumuk ngurangan tepi ka 70%.
>
> Sumedang nyadiakeun sapuluh dokter nu unggal isuk-isuk ngabagikeun pel
kina
> di kantor camat. Dokter-dokter ieu ngawas tepi ka yakin eta pel-pel teh
> diteleg. Taun 1881 wabah malaria ngurangan.
>
> AGAN RESMI JADI AGAN ATIYAH
>
> Di taun eta (1881) kuring naek pangkat jadi Patih Sumedang. Sataun ti
harita
> Paman Bupati (Pangeran Sugih) wafat, anak-anakna sadayana keur teu aya di
> kota (sumedang). Jadi kuring nu ngurus sagala-sagalana. Asisten Residen
> datang, prajurit-prajuritna ditugaskeun ngajaga disabudeureun Kabupaten.
> Sapeupeuting bedug ditabeuh jeung jalma-jalma papada datang. Rewuan jalma
> ngiringkeun layon ka Gunung Puyuh (WLY: Kompleks makam menak Sumedang)
>
> Kuring ditugaskeun samentara ngurus kabupaten. Opat bulan ti harita, R.
> Rangga Suriaatmaja, patih Mangunreja ditunjuk ngaganti Paman Pangeran. Di
> Bulan Mei 1883 kuring dipindahkeun ka Mangunreja.
>
> Sabenerna kuring geus pindah kadinya, sabulan saencanna. Anak awewe kuring
> nu masih leutik, Agan Resmi nu lahir Juni 1992 keur gering parna tepi ka
> kuring jeung pamajikan hariwang manehna bakal maot diperjalanan. Tapi,
> geuning kuring sarerea salamet.
>
> Di Mangunreja kuring disambut ku para pejabat pamarentah jeung kadalapan
> distrik jeung pamajikan-pamajikanana.
>
> Isukna, Panghulu Mangunreja, R.H Hasan Ma'arup, nganjang jeung istrina.
> Pokna teh: " Kuring nganjang kadieu, arek menta supaya orok nu gering ieu
> dibawa ka imah kuring, arek dirawat jeung aranna arek diganti jadi Agan
> Atiyah". Kuring jeung pamajikan satuju.
>
> Panghulu teh kulawarga Bupati Sukapura, pangaweruhna jero jeung
dipikaresep
> ku sarerea.
>
> Tahun 1883 jeung 1884 lahir noron, Muhamad Iskak nu engkena Aom Ace
> Martahadisura jeung Aom Onong, nu engkena R. Martahadiprawira.
>
> Sanggeus sataun tugas di Mangunreja, kuring meunang gelar Demang ti
> pamarentah. Gelar ieu dibikeun ka kuring kulantaran jasa-jasa kuring dina
> nyanghareupan wabah sato di waktu katukang. Taun 1891 kuring meunang gelar
> ARIA.
>
> [Hanca]
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>

Reply via email to