Minggu kamari kuring nungkulan hiji acara ceramah umum
ti Prof. Yomota Goki (profesor ahli film ti Department
of Art Studies, Meiji Gakuin University) di Pusat
Studi Jepang UI, anu ngadadarkeun perkara film
Godzilla. Ceuk manehna teh cenah Godzilla teh
"penjelmaan" ti arwah para tentara Jepang anu maot di
medan peperangan di luar nagri Jepang. Film eta teh
mimiti dijieun tahun 1954. Tapi ayeuna sekuel film eta
masih tetep eksis, kalayan beda eusi caritana,
'disesuaikan' jeung alam pikiran barudak ayeuna.
Tas tidinya teh terus kuring nyimpang ka FIB, da aya
acara SIMPAY tea anu ngadadarkeun perkara Dewi Sri/Nyi
Pohaci, anu didugikeun ku Ceu Dian/Richadiana
Kadarisman Kartakusuma, padamel di Arkeologi Nasional,
teureuh Galuh. Ceu Dian nerangkeun mitologi Dewi Sri
anu nepi ka kiwari masih dipercaya ku urang Kanekes
(baduy), utamana mah dipraktekeun dina perkara melak
pare huma tea. Nyi pohaci dianggap orang suci, kusabab
jadi "acina" bumi, dimana jasad nyi pohaci Dewi
Kahyangan anu dipikaseneng ku Batara Guru, dikurebkeun
di bumi. Ti tempat dikurebkeunana teh mucunghul
tangkal pare, sampeu, boled jrrd. Ku margi kitu, Urang
Kanekes mah lamun melak pare teh, tara ngagali
jero-jero taneuh, jiga ngawuluku sawah, sabab di jero
taneuh teh aya jasad Nyi Pohaci. Hiji simbol
ngahormatan alam, nya kumargi ngahormatan Nyi Pohaci
tea.
Dina Film dokumenterna Kang Ray Bachtiar, digambarkeun
upacara ngalaksa di Cikalong Sumedang, dimimitian ku
carita legenda Nyi Pohaci/Dewi Sri turun kabumi tea,
jiga anu didongengkeun ku Ceu Dian.
Tapi bedana dina Film kang Ray mah, ngagambarkeun tata
upacara anu aya patalina sareng nyawah.
Sok sanajan budaya melak pare di huma jeung budaya
melak pare di sawah aya bedana, tapi hiji hal anu teu
robah, nyaeta didasarkeun kana mitologi Dewi Sri.
(jigana lamun engke HBH KUSnet ngondang pa Sukarma,
bakal didongengkeun perkara Nyi Pohaci/Dewi Sri ieu).
Balik deui ka Prof.Yomota Goki, cenah salian ceramah
film teh, manehna keur nalungtik film-film di
Indonesia. Salah sahiji anu narik ati Prof. Goki teh
perkara Film jurig anu anyar-anyar ieu rame diputer di
bioskop. Ceuk manehna teh, ku naon jurig di Indonesia
digambarkeun mangrupa awewe?
Tah, "pengamatan" Prof.Goki teh ku kuring ditanyakeun
ka Ceu Dian, naha aya hubunganana kitu jeung "alam
bawah sadar" urang Indonesia, anu mikahormat ka Dewi
Sri, sahingga jurig di Indonesia teh digambarkeun
Awewe. Komo jeung bari bentang film na teh awewe Indo
geulis, jiga anu ditulis di Kompas minggu, dimana anu
maenkeun Kuntilanak 1 nepi ka tilu mojang indo
turunan manado-Perancis jeung Cina?
Film Kuntilanak 1 ditongton ku 1,5 juta jalma.Puguh
wae atuh, barudak ngora mani pogot nongton jeung
euweuh kasieun, kuntilanakna oge mojang Indo umur 19
taun.
( dongeng kanggo nyeugeurkeun puasa, punten pami teu
aya nilai pahalana, manasan kang SR, sina ngadongeng
jurig versi KEOM).
baktos,
mrachmatrawyani
____________________________________________________________________________________
Building a website is a piece of cake. Yahoo! Small Business gives you all the
tools to get online.
http://smallbusiness.yahoo.com/webhosting