Punten ka baraya sadaya ieu aya dongeng perkawis sireum.

Sadayana pasti tos terang upami ningal sireum anu mapay dina tembok jsb.
Unggal paamprok siga nu sasalaman nya?

Tah ieu aya dongeng duka leres duka henteu, asal muasalna sireum sok siga
sasalaman.

Mangga nyanggakeun..

 

Waktos sasatoan diciptakeun, sadaya sasatoan teh teu acan dipasihan alat
kelamin (nanon nya sundana? Punten sanes bade porno mung sakedar dongeng)

Hususna sato jalu, ari bikang mah da gampil ngadamelna.

Tah kumargi kitu dina hiji waktu sadaya sato jalu teh dikumpulkeun di
tungtung lapang.

Kabeh sati jalu baris mani rapih aya gajah, maung, hayam jrrd, oge sireum
milu baris.

"dengekeun ku sakabeh sato jalu, di tungtung lapang ieu kuring geus
nyiptakeun sagala bentuk alat kelamin pikeun sato jalu,

Tah kukituna kabeh sato jalu kudu paheula-heula nyokot eta barang pikeun
dipake. Maraneh (siga jelema wae nya) bebas milih.

Rek nu gede, nu sedeng ataw nu leutik ."

"Siaaaaaaap...hiji.....duaaaaaaaaaaaaaa........tiluuuuuuuuuuuuuu"

Atuh berebt kabeh sato teh lalumpatan ka tungtung lapang nu hijina pikeun
nyokot barang anu geus disiapkeun.

Kuda mah pan lumpatna tarik datang pangheulana ceug we nyokot nu gede (dugi
ka ayeuna pan kudamah gede)

Kitu deui jeung sato nu lain paheula-heula.

Ari sireum keur mah leutik katurg-turug lumpatna ge hese, atuh datang teh
pang pandeurina.

Barang datang ka tungtung lapang sireum culang-cileung neangan barang.
Kuralang-kuriling ditempoan.

Geus lila sireum kukurilingan bari jeung teumanggih barang.

"kamana barang kuring" ceuk sireum

"kunaon sireum?" ceuk hiji sora

"kuring teu manggihan barangna, mana barang kuring?" tembal sireum

"hampura sireum geuning barang teh kurang hiji, kukituna engke bakal
dipangnyieunkeun. Ayeuna mah mending maneh balik ?" tembal sora tea.

Sireum balik bari jeung teu mawa hasil.

Salila nungguan sireum sok mindeng tatanya ka baturna lamun panggih.

Kieu cenah nanya na teh :

"geus meunang acan"

"acan" temabl nu lain

 

Tah baraya sadaya jadi numatak sireum sok siga nu sasalaman lamun paamprok
jeung baturna na teh lain keur sasalaman.

Maranehna pada-pada nanyakeun geus dibere acan barangna.

 

Sakitu nu kapihatur..

Hapunten

 

Perrrrrrrrrmioooossssssss

 

Reply via email to