Baraya sadaya mamanawian aya nu gaduh e-bookna  atawa bukuna dongeng2 ieu :
- Mega Hideung (nu gaduh lalakona : Neng Mumun, Den Dinar, Si Riweuh -badega nu 
satia, penjahatna : Majusi)
- Si Rawing jago ti pakidulan teh namina mun teu lepat mah Si Janabar.
- Si Pincang jawara Sancang nyarioskeun nuju jaman walanda pami teu lepat mah..
    Jaka Tarung...
- Rampog Gerot ti Ciharendong...
- Hilap deui judulna (lalakona Mang Itok - siluman beurit)
- Hilap deui judulna (penjahatna : Ki Dul Sahro gaduh adi namina Ki Jugul Biuk)
- Hilap deui judulna (penjahatna : Si Sanjarana - gaduh jurus oray sendok, 
lalakona : Lurah Karta Wiriya anu  ditotok jalan getihna dugi ka lumpuh...gaduh 
putra hilap deui namina anu akhirna nyageurkeun tina lumpuhna)
   saha nya???  boa-2 aya dina judul di luhur..

Sono kana dongeng2 eta..upami aya dimana nya?

salam kebo hideung


Kirim email ke