ANTARA ISLAM JEUNG SUNDA
 
-        Sunda nya sunda Islam nya Islam euweuh pakuat pakaitna, sunda mah suku 
bangsa, sedeng Islam mah Agama pan jelas lin !?..............., makana kudu 
jelas heula mana adat budaya mana agama, pisahkeun dina pamaknaannana antara 
agama jeung adat budaya.
-        Ari “Sampurasun” !!!......eta mah “SALAM KEBANGSAAN SUNDA” atawa adat 
budaya sunda jeung dipakena ge ku urang sunda, dipakena dina waktu jeung tempat 
tertentu. Ari di masjid tara nepi ka dipake eta salam teh, pon kitu deui suku 
bangsa nu sejen saperti dayak, padang, batak, jawa, ambon jeung sajabana boa 
oge boga salam masing-masing jeung dipakena ku bangsana sewang-sewangan teu 
pacorok kokod.
-        Sunda wiwitan sakanyaho kuring lain agama tapi hiji ajaran tentang 
kamanusian, kumaha hubungan anu salaras antara manusa jeung manusa 
(habluminanas) jeung hubungan manusa jeung alam jagat ieu sangkan saimbang 
jeung harmonis.
-        Boro-boro nyieun agama urang sunda mah, bet nu aya oge sakitu lobana 
jeung pabaliut nu matak loba pipaseaeunana jiga di Poso, Ambon jeung sajabana.
-        Kuring salaku urang sunda nu beragama Islam ngarasa teu geunah jeung 
kasinggung ku tulisan anjeun nu ngahina bangsa kuring (Bangsa Sunda) ari anjeun 
bangsa naon, make jeung ngacak-ngacak jeung ngahina atawa ngadu domba bangsa 
sunda?, mun anjeun can apal Budaya jeung tradisi Sunda nu sa aslina ulah jangji 
padu ngomong, tanyakeun heula kanu ngarti kana adat jeung budaya sunda ngarah 
teu kasasar dina ngamaknaanana tradisi adat budaya sunda pan kuring oge urang 
sunda anu beragama islam tapi teu perlu robah jati dirina, jadi siga orang arab.
-        Omat Islam ulah dijadikeun keur kapentingan anu boga tujuan heunteu 
bener, rek organisasi atawa perseorangan demi maksud-maksud tertentu.
-        Seruan takbir Allah Hu Akbar jeung seruan Jihad ulah dipake nenggeulan 
batur atawa nganiyaya anu sejen, mana atuh Rohman jeung Rohimna?, da Kanjeng 
Nabi Muhammad S.A.W  teu pernah ngajarkeun kitu ka umatna, Islam ulah diruksak 
ku segelintir urang Islam sorangan, Islam kudu jembar jeung bisa mengayoman 
sakabeh umat manusa ngarah katingali dangiangna.
-        Ulah nyieun seruan ka sasama umat Islam sina berjihad bari can jelas 
maksud jeung tujuanana bisi loba korban umat nu teu boga dosa, meningan tanya 
jeung paluruh anu sabenerna ulah janji maen ponis bae, naha geus yakin anjeun 
geus bener ?, ceuk saha ?
-        Kuring salaku “Bangsa Sunda” wajib hukumna ngabela bangsa katut lemah 
caina sarta budayana, lamun rek aya nu ngarogahala ku deungeun-deungeun, soalna 
ieu harga diri bangsa sunda, ulah diruksak hubungan anu sakieu alusna antara 
umat beragama jeung berbangsa katut nagara. Cag...........!!!!!!!
-        Boa-boa anjeun “DORNA-NA” hirup manusa di nagara ieu..
 
 
 
 
 
Rd. Dyna Achmad 
 



----- Pesan Asli ----
Dari: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Sabtu, 22 September, 2007 11:43:49
Topik: Re: [Urang Sunda] punten


Yap...ka lebet Den.... ><
Ieu mah sanes millis Londo..dupi Aden ti palih mana? basa tadi wengi saur teu ? 
jiga tos lapar hehehe
 
Kebo
 
----- Original Message ----- 
From: den.alit 
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Sent: Saturday, September 22, 2007 4:39 AM
Subject: [Urang Sunda] punten


sampurasun.. . panggeugeuh ieu tempat, sim kuring bade ngajajah, da
bongan baheula kolo-kolot kuring loba nu sangsasara dijajah ku andika.
akina aki kuring, mamangna mamang kuring, tatanggana tatangga aki
kuring, tatanggana tatangga akina mamang kuring, pokoknamah loba dulur
kuring, rek dulur sagetih atawa dulur sakampung,loba nu tunggara.
komo deui di cadas pengeran mah, dulur-dulur kuring loba nu disiksa,
loba nu teu balik deui ka imah. leupas pati jeung raga di cadas pangeran.
ayeuna waktuna kuring rek ngabales..
eh.. ieu teh milis urang walanda sanes..?
sampurasun..





      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id..answers.yahoo.com/

Kirim email ke