Emang ari murangkalih dibedong biasana sabaraha bulan sih?
Leres pisan murangkalih ayeuna mah tara di baredong. Malah sok diais na teh 
langsung ningan. Padahal mah kan pami nurutkeun nu kapungkur nu dilakonan ku 
para sepuh mah Insya Allah moal pada bararekung. Cigana mah urang teh kudu 
balik deui kana naon anu sok dilakukeun ku kolot urang sadayana. 
Sok, ayeuna mah nya gera dina masalah katuangan weh. Da behula mah tara aya 
istilah gering kanker (sanes kantong kering), jantung (sanes deg-degan), teras 
sajaban ti eta. Da cigana mah salian ti katuangana nu seueur jat kimia-an eta 
ge tiasa disebabkeun oge ku teu teraturna waktu tuang urang. Katambih ayeuan 
mah tos seueur pisan katuangan nu serba Instan, nu teu ningali deui kana 
sabaraha kandungan giji nu aya dina eta katuangan, tapi ningalina teh kana 
kumah supaya katuangan eta ngeunah.
Nya, mudah-mudahan lah urang tiasa uih deui kana kabudayaan urang nu baheula. 
Da geningan katuangan asli urang ge ngagaduhan kandungan giji anu sae. Salah 
sawios contona tempe anu tos di patenkeun ku Jepang. Kan eta teh kandungan 
proteina ageung pisan. Mun can dipatenkeun mah,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,,


herni herningsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                               
Bedong.......
 Leres murangkalih ayeuna langkung taregep dibandingkeun murangkalih kapungkur
 (margi murangkalih kapungkur ayeuna tos aki-aki sareng nini-nini, 
hi...hi...hi....)
 Leres dedeg pangadegna teu barengkung
 tapi kalakuan seueur barengkung
 kirang-kirangna para sepuh ngajaga sareng ngadidik leres-leres
  
 Pami di sakola aya murangkalih anu rada-rada "cingeur"
 sok disebat kurang dibedong heu...heu....heu....
 tong bendu nya???? sasih siam
 ke ditaroskeun ka pun biang nu kamari nembe lebet 84 taun yuswana
 ayeuna mah tos wengi teuing, janten parantos kulem,
 hawatos pami digugahkeun ngan ukur rek naroskeun bedong
 enjing nya........ caaaaggg
  
 herni boo

 ----- Pesan Asli ----
Dari: Agus Hermawan <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 24 September, 2007 10:16:12
Topik: [Urang Sunda] Dibedong..

  Bari ngabuburit, ngobrol kaditu kadieu jeung batur kantor. Kulantaran
ngobrol kaditu kadieu, nepi ka bab "ngurus orok". Jaman ayeuna mah,
orok beureum ge sarena kudu nangkuban: cenah bakal alus keur
paru-paruna, jeung sirahna moal peang. Beda jeung budak nu sare
dinangkarakeun, sirahna sok siga jambe disabet bedog.

Aya hiji nu kuring teu bisa ngajawab: orok sunda jaman baheula naha
sok najan dibedong. Orok beureum teh kalahka dibeungkeut ku samping
sapapareket, model mumi. Disiksa,dibulen, nepi ka teu bisa gerak.
Cenah mah meh budak teh geus gedena teu bengkung. Mun jalu meh tegap
siga satria, mun bikang meh seksi siga srikandi...
Pertanyaana: naha orok ayeuna mah geus tara dibedong ge, gedena teu
barengkung geuning...?? Cik...

agushermawan
keur orok cenah dibedong oge, mun maghrib sok dibura make panglay...




 



       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers
     
                               

       
---------------------------------
Yahoo! oneSearch: Finally,  mobile search that gives answers, not web links. 

Kirim email ke