Kuring sapuk kana cara "berpikirna" Kang Surtiwa.
Kadangkala urang teh sok keukeuh peuteukeuh, hoyong
taat kana aturan fiqh pikeun nganilai hiji kadaharan
asing, pas giliran kana kadaharan sorangan, eta aturan
teh heunteu dilarapkeun. Heunteu ajeg dina
ngalarapkeun fiqh.

Upama urang konsisten mah dina ngalaksanakeun ajaran
agama (Islam), atuh satiasa-tiasa mah sacara bertahap
nyingkahan hal-hal anu matak jadi pidorakaeun.
Contona, dina perkara udud (aduh geuning jadi kana
udud contona, hapunten ka para "ududer"). Urang sadaya
tos terang bahayanya. Sacara bertahap tiasa
ninggalkeun udud, ku cara ngirangan nyesep sacara
bertahap. Langkung sae deui upama urang masihan lahan
padamelan pikeun para padamel di Industri udud,
dialihkeun ka industri petasan (aduh mani teu nyambung
pisan yeuh!). 

Pokona mah, tukang peuyeum moal matak bangkrut, pasti
aya solusina, nyaeta tiasa dijantenkeun bahan bakar
etanol.Upami aya usaha mah pasti sok aya jalan
kaluarna. Aduh jadi teu puguh juntrunganana yeuh. Heup
ah!

baktos,

mrachmatrawyani
 
--- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Jawaban anu jujur ti produsen WALLLS..teu
> ngadebat..jeung teu nyebutkeun sabaraha kadar
> alkohol
> anu dikandung dina Es Krim buatanna. Nah ayeuna
> lamun
> urang nyandak KONSEPSI ngan kana kandungan alkoolna
> wungkul, urang kedah sigap kanggo ngukur alkohol
> tina
> bahan2 kadaharan dihandap;
> Peuyeum sampeu, peuyeum ketan, duren,
> gulampo,tiwu,lahang,campedak,jst...
> 
.


       
____________________________________________________________________________________
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search 
that gives answers, not web links. 
http://mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC

Kirim email ke