> From: netta fahad
> Oge abdi hoyong terang maksadna ngajajah ti kang Nandar anu unina kieu

Ngiluan ah. Sigana mah nu nyababkeun urang banten ngarasa "kajajah" ku urang 
Priangan teh pedah eta, loba pejabat nu "ngageugeuh" di Banten, lolobana 
urang Priangan. Aya sajarahna kunaon urang Priangan jadi ngadominasi di 
Banten. Keur jaman kolonial, urang Banten teh ngalawan wae ka Walanda, 
maklum Banten pan urut karajaan/Kasultanan, jadi kareueus (harga dirina) 
gede pisan. Beda jeung urang Priangan nu ngalaman "kajajah" sababraha kali. 
Mimiti ku Mataram terus diteruskeun ku Walanda. Urang Priangan relatif 
leuwih narurut, tibatan urang Banten Akibatna ku narurut ieu, pangwangunan 
di Priangan, kaasup pendidikan leuwih maju tibatan Banten. Urang Priangan 
jadina leuwih kadidik, pangpangna mah kaum menak/priyayina. Tanggtu we 
Walanda leuwih resep ngangkat jalma nu kadidik jeung nurut tinimbang jalma 
nu ngalawan wae, maklum  aranna ge nu ngajajah.Tapi ieu umumna, sabab aya 
oge urang Banten, menakna, nu jadi orang Indonesia munggaran nu jadi guru 
besar di Leiden (Prof Dr. Husein Djayadiningrat).

Hanjakal na teh sanggeus merdeka, kabiasaan ieu teh tetep dibawa-bawa, 
urang Priangan loba nu jadi pejabat di Banten. Jadi urang Banten ngarasa 
kasingkirkeun. Akibatna  nya jadi "merdeka" ...hehehehe. Nya mudah-mudahan 
we ari geus dipimpin ku putra daerah mah, Banten langkung maju. Da masih 
dikukumaha oge, Banten tetep Sunda, ngan kacampuran saeutik ku etnik sejen 
beulah kaler .......

Ngan hiji nu kudu dijieun pelajaran, yen NGALAWAN wae teh goreng, kudu aya 
kompromi jeung nu boga kakawasaan. Daerah-daerah di Indonesia nu dina 
sajarahna gede sikep patriotismeu dina ngalawan penjajah, malah jadi daerah 
tinggaleun siga BANTEN jeung ACEH. Conto sejenna urang Indian di Amerika 
Serikat. Ngalawan terus, patriotismeu ......tapi akhirna nasib urang Indian 
malah jadi ampir tumpur, sesana dikumpulkuen di daerah suaka.

Tapi eta meureun nu disebut realitas kahirupan teh ......

*) Dina Tinju aya kelas BANTAM, Kecap BANTAM ieu asalna tina kecap BANTEN. 
Tina kecap ieu oge, katingali yen kawani/ kajawaraan urang Banten  diaku ku 
dunya internasional ....

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke