asa ka gagas pisan ku sajakna kebo hideung, keur mah jauh di perantauan
(Batam) can tiasa mulang tarima kanu jadi kolot

-----Original Message-----
From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of indung peuting
Sent: Friday, September 28, 2007 9:16 PM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: Fw: [Urang Sunda] Re: Kanyaah Indung - Bapa



Nami rusdi, teh asa pamaen sepak bolanya..!

rusdi yunus <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 


duh.......... meni asa nyentug kana jajantung kuring ngaos sajak ti kebo
hideung
rumasa kuringge sami teu acan tiasa ngawales budi kanu jadi kolot.
ngan hanjakal ayeuna pun biang tos ngntunkeun alam dunya(alm) kantun pun
bapa.


 
wassalam: 
 
Rusdi Yunus
Rakyat SUBANG gotong royong subang maju 


----- Forwarded Message ----
From: Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Friday, September 28, 2007 3:19:01 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Re: Kanyaah Indung - Bapa


muhun mama..ku abdi diregepkeun
 
kebo
 
 

----- Original Message ----- 
From: ndoell <mailto:[EMAIL PROTECTED]>  
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com <mailto:urangsunda@yahoogroups.com>  
Sent: Friday, September 28, 2007 2:50 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: Kanyaah Indung - Bapa

matakna...
kudu nyaah ka kolot teh.

-dul-

--- In [EMAIL PROTECTED] ups.com <mailto:urangsunda@yahoogroups.com> ,
"Kebo Hideung" <[EMAIL PROTECTED] ..> 
wrote:
>
> Kanyaah Indung - Bapa
> Ditulis ku: Kebo Hideung
> 
> Gubrag ka alam dunya, koceak dengekna jentre meupeuskeun 
jemplingna peuting.
> Disanggap ku cireumbay kabungah ! nu jadi kolot. 
> Renghap-ranjugna indung nu ngalahirkeun, 
> Kahariwangna Bapa anu teu aya watesna 
> Kaubaran ku ngagoakna ceurik kuring.
> 
> Belenyehna seuri kuring matak gumbira anu jadi kolot, 
> Rengkak polahna kuring jadi bahan gogonjakan anu jadi kolot. 
> Waktu kuring nandangan lara kolot kuring bingung anu teu aya 
hinggana, 
> Teu kuat ngabendung kabingung indung kuring nyegruk ceurik. 
> Ningali kuring kasampak gering bapa kuring ngahelas bangun 
nalangsa, nalangsa pinuh ku kanyaah.
> 
> Basa kuring geus jadi nonoman, teu saeutik kuring boga masalah
> Kasaha deui mun teu ka kolot kuring, kuring ngadu
> Bapa kuring anu ngabeberes masalah kuring
> Indung kuring anu ngupahan rasa kasedih kuring
> 
> Ayeuna kuring geus gede
> Ayeuna kolot kuring geus rarempo
> Asa can pernah kuring mulang tarima
> Nu aya ngan ngaririweuh jeung mere kapusing anu jadi kolot
> 
> Boh indung kuring atawa bapa kuring
> Dugi kaayeuna kanyaahna teu pegat-pegat
> Kajeun jauh ditungtung lembur
> Kajeun anggang ti pakarangan
> Kanyaah indung bapa kuring tetep pageuh teu aya watesna
> 
> Duh...Ema, Bapa hampura kuring
> kuring teu acan tiasa mulang tarima kanu jadi kolot
> ------------ --------- --------- --------- --------- --------- -
----------
>





Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 


Send instant messages to your online friends
http://uk.messenger.yahoo.com 

 

Kirim email ke