kuring sok pipilueun ngentri kuesioner hiji lembaga survei. lamun responden
ditanya (suku) bangsa manehna sok kadang dijawab ku ngaran daerahna dina hal
ieu kota/kabupaten. meureun mumbulna bangsa anyar di indonesia, enya bangsa
banten tea oge salah sahijina alatan pacorokna istilah 'bangsa' jeung 'asal
daerah'. bisa oge kusabab ego kadaerahan! komo lamun dihubungkeun jeung
'dongeng' bah willy ngeunaan kasangtukang pecahkongsina jawabarat jeung
banten mah


ah ngarahul we ieu mah,

dudi
bangsa jawa barat hehe

On 10/3/07, Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Sumuhun kang,
>
> Tadi tos korespondensi sareng caniago wirehna anjeunna miwarang nyerat
> rujukan. Samentawis eusi situsna dirobih deui ku anjeunna kalebet munculkeun
> etnis anyar, bantenese, cenah mah ngarujuk ka website pemda banten sareng
> prosentase etnis ngarujuk ka *Indonesia's Population: Ethnicity and
> Religion in a Changing Political Landscape*. Institute of Southeast Asian
> Studies, taun 2003. Janten panasaran naha leres Institute of South Asian
> Studies ngadamel etnis anyar sateuacan provinsi banten ngadeg. Jigana
> rujukan anu dianggo ku anjeunna oge henteu valid.
>
> Keun urang cobian disebat rujukan sajarah Sunda.
>
> Salam,
> Asep
>
> ___
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke