Hehehe...aya-aya wae. 
Kang Trias, janten emut waktos abdi alit keneh...ngiring gadongeng sakedik, 
ngangge basa loma.

Harita keur bulan puasa sababaraha poe rek ka Lebaran, kabeneran kulawarga 
kuring keur di  Wado.
Sanajan nini kuring boga meja makan nu panjang lengkep jeung korsihna, tapi 
angger dalaharmah sok resep "lesehan" dina bangku panjang nu dijieun tina kai 
jati 2m x 2m. Ameh rada katingali alus, ngahaja ku nini kuring ditutupan ku 
palastik hideung, handapna dipapaes ku lawon kelir kopi nu dirempel. 

Hiji poe, sabada beres buka, sakumaha biasa kulawarga kuring sok ngawarangkong 
bari ngadengekeun nu ngaji saacan breng tarawehan, da kabeneran imah teh 
hareupeun masigit. Bari ngawangkong, kuring ngome endog.
"Endog timana eta?", ceuk Bapa kuring nanya.
"Pamasihan ti Ema (pun eyang), tadi siang", tembal kuring.
"Cing saha nu bisa nangtungkeun ieu endog, ke dibere bonus*", ceuk bapa kuring 
"ngabewarakeun" sayembara.
Atuh puguh kuring & adi-adi parebut paheula-heula, kumaha carana meh endog bisa 
nangtung.
Sanggeus dicobaan sababaraha kali, euweuh nu bisaeun*
"Wah, ieu mah masing kalahka butak ge moal bisa nangtung* !" ceuk kuring pegat 
pangharepan. 
Tungtungna, taraluk.

"Ma' nya kitu-kitu we teu bisa?!" ceuk Bapa kuring ngalelewe.
"Da heseeeee*.!" tembal kuring & adi-adi.
"Cik ari ieu endog asak tawa atah?"
"Asak atuhhh*" 
"Wah, babari ari kitu mah*."
Pre!!! Ndog teh nangtung!.... bari peupeus handapna.
"Harrrrr*. Ari kitu mah titatadi ge bisa!" reang patembalan.
"Tah, eta ngarana Endog Columbus hehehe*"

ro2




>>> [EMAIL PROTECTED] 10/05/07 11:41AM >>>
"Teliti sebelum membeli", matakan kedah apal bentukna, warnana, kasarna, upami 
ku sipat sipat eta teu tiasa keneh dibedakeun jeung nu asli, kapaksa 
dipeupeuskeun hiji hiji, pamohalan upami tiasa persis sami luarna jeung jerona. 
Upami sami persis eta memang endog asli, nu palsu lain endogna tapi "berita" 
na. 
Hiji deui, upami dipeupeuskeun teu tiasa peupeus, jeung hargana sami sareng 
harga endog, eta mirah, enggal peser, eta endog hiasan. 

Kang Trias

Kirim email ke