Ceuk kuring ieu mah, ngan hanjakal euweuh nu mirosea, kuring lain jalma 
berpengaruh, estuning jalma cacah kuricakan.
Nu ngaran benua aya 6

1. Asia
2. Afrika
3. Amerika Utara
4. Amerika Latin
5. Australia
6. Antartika

Sanggeus nitenan globe jeung peta lempengan teknonik, kuring teu ningali Eropah 
mangrupakeun hiji benua.
Cik naon dasarna Eropah hiji benua, jeung Asia dipisahkeun ku laut henteu, 
dipisahkeun ku lempengan tektonik henteu. Dipisahkeun ku gunung, enya ieu mah 
alesan nu dijieun jieun, India ge dipisahkeun ku Himalaya teu jadi benua 
sorangan.
Jadi kasimpulanana, eta mah kulantaran "sombong", "Aing menak, aing kawasa, 
aing Super Power, aing embung ngahiji jeung jajahan aing". Nyieun ngaran benua 
wae beda sorangan, batur mah A, manehna mah E (Eropah) sorangan.
Mun arek ge Asia+Eropah lebur jadi hiji ngaran Erasia atawa Asier.
Turki hayang jadi anggota Uni Eropah, mani hese kabina bina.
Paduli ah, lain urusan  kuring.
haaarrr....

Wilujeng shaum, mugi amal ibadah urang ditampi ku Alloh swt.

Kang Trias.
       
---------------------------------
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out. 

Kirim email ke