Aeh nya teu sawios-wios atuh ......... Kumargi sim kuring aya di Bali, janten 
kedah tanggeng waler ka dulur-dulur nu bade mariang ka Bali .... Sok wae tong 
sungkan-sungkan da pasti di baktos.

Nya nuhun atuh pami tos bareres mah, mung ieu mah bilih ..... bilih masih aya 
keneh kakirangan itu ieu salami acara berlangsung mangga info wae .... naha 
perkawis transport, meeting equipment, guide, jeung sajabana Tong dugi kagungan 
acara teh kacau ....... matak hanjeulu ka abdina, sangkina abdi teu ngabantuan 
........ Omat wae, nya.

Har ... nya plaih mana caket Gunung Puyuhna teh ....!? Da pun mertua oge 
kawitna mah ti Lembang. 

Wass,
GL






----- Pesan Asli ----
Dari: firman <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 8 Oktober, 2007 10:26:22
Topik: Re: [Urang Sunda] Mudik ka Jabar KOMPOY

parantos sih kang .. janten kieu kaleresan kantor teh dipaparin padamelan 
kanggo ngadamel 
konfrensi ti UN - APCTT .. kahoyong anjeunna teh hoyong di bali .. tempat mah 
tos dibooking kang di hotel ramada .. sareng di Bedugul kang .. (ieu mah 
kalerasan tempatna di kebun raya kagungan LIPI)

wah upami si akang biasa sok nyekel konfrensi mah atuhnya .. hanjakal pisan 
nembe tepang ayeuna .. hehehehe cobi upami kamari-kamari panginten teu patos 
riweu milarian tempat nya kang .. 

mudah-mudahan lah kang kapayunna aya deui acara sapertos ieu. 

sim kuring nudik mah ka bandung kang .. tapi aki mah asli ti cikoneng ... da 
malih mah kapungkur mah sok diajak nyekar ka dayeuh luhur .. tah upami mertua 
mah caket gunung puyuh kang .. boboran ieu duka ka sumedang duka henteu yeuh .. 
biasana mah lebaran dintn kadua sok amengan ka sumedang kang . .. Insya Alloh 
(saurna teu kenging nganggo 4JJI hehehehe) tiasa tepang upami ka sumedang. ku 
abdi dicatet nomer si akang nya .. 

HP abdi 08158112823

salam 

firman 

----- Original Message ----- 
From: Gan Lesmana 
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
Sent: Monday, October 08, 2007 8:58 AM
Subject: Hal: [Urang Sunda] Mudik ka Jabar KOMPOY

Wah kaleresan atuh Kang Firman ........

Sok atuh mangga ku abdi di baktos malihan diantos pisan da ku sim kuring mah 
moal disalempangkeun komo kanggo baraya mah ........

Dupi reservasi sagala rupina parantos dipreparasi ....!? Da kaleresan sim 
kuring teh nya biasa neypeng kanggo konferensi, semninar, meeting, jsb. Kamari 
wae nembe rengse ngalola ti WHO (The Global Fund/Depkes) Mangga atuh mamanawian 
kaanggo.

Dupi Akang palingggihan di manten atuh ....!? Dina boboran ieu mudik teh kamana 
...!? Mamanawaian ka Sumedang mah, mangga atuh urang patepang ambeh dumuk 
.......

HP abdi: 08155770202 / 08179721150

Wass,
Lesmana





      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke