Kuringmah teu bisa mudik, ngahenen wae diBatam.
    Loba alesan sangkan kuring jeung kulawarga teu mudik, nupaling puguh sesa 
cuti di data HRD ngan nyesa 5poe sigana moal cukup jeung asa kagok lamun mudik 
ka Bandung, anu kadua  geus mudik kamari basa bulan April jeung Juli 07.
    Kakara kamari pisan kolot tiBatam mulang sapoe saacan puasa, malahmah 
lanceuk beuteung diBatam keneh. Imah pabalatak lantaran kuriak teu rengse, 
padahal targetmah lebaranteh geus rapih. Atuh pagawean pun kitu deui, anu 
ngawas barudak nuhiji cuti hamil nuhiji deui miheulan ngajukeun cuti kaPadang 
atuh daek teudaek kuring nungajaga gawang....heu...heu...cepe deh...
  
Asep Heriandi
Zaika Distro Muslimah
08127721788      

  ----- Original Message ----- 
  From: Badrudin 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Monday, October 08, 2007 12:07 PM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Sepi


  ehmmm.. sepi nya.. itu si jay ajakkan ngobrol atuh ngarah rame..
  tapi jigana mah si jay oge mudik da..

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  >
  > Sepi kieu geuning...
  > kamarana nya ?
  > marudik kitu ?
  > 
  > di jalan ge karasa pisan lancar, teu jiga biasana.
  > asa ngeunah tumaninah, teu pagelek-gelek teuing.
  > 
  > Kabayang ...
  > mun urang lembur nu marudik teh teu baralik deui ka kota,
  > jigana kota teh bakal sepi.
  > Pabrik eureun produksi. Angkot teu aya nu ngulampreng.
  > kantor-kantor teu baruka. pasar nya kitu deui.
  > Komo proyek-proyek pangwangunan mah, jigana moal anggeus.
  > 
  > Nu matak, kuduna mah urang lembur teh dihargaan ku urang kota
  > teh. Tong hayeuh wae disapirakeun, dirazia, nu daragang di
  > galusuran. Coba mun parundungan, tuluy baralik ka lembur ?
  > Da kabuktian geuning, hirupna kota teh ku urang lembur2 keneh..
  > 
  > 
  > -dul-
  > tukangteuing
  >



   

Kirim email ke