Assalamu'alaikum wr wb

kalayan rasa hanyeulu jeung kasedih nu aya sajeroning hate
simkuing neuda sihapunten kasadayana wargi bakus umum na
nya ka para paniten khususna wala khusus deui ka apih siddik
kulantaran hiji lain hal jeung sanesna simkuring moal tiasa ngaluhungan kana
acara HBH
hapunten pisan..

salam baktos
Nu keur sedih teu bisa miluan HBH


On 10/18/07, Toni Sofian <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
>
> Assalamu'alaikum wr.wb.,
>
>  Kahatur : Sadaya wargi milis Urangsunda@yahoogroups.com
>
> Waktos HBH tinggal ngetang dinten ayeuna tos H-9, susu ganan ayeuna mah
> tos aya katangtosan bade ngiring atanapi heneuna, aya acara sanes atanapi
> henteuna tos katoong sugan, Sakali deui we ieu mah moal bosen2, bade nawisan
> kanggo baraya sadayana anu aya di milis KUSnet ieu teu aya anu di
> wilah-wilah estu sadayana anu ngaraos ngiringan ieu milis,
>
> Simkuring oge rengrengan panata calagara sareng sesepuh KUSnet,seja ngulem
> ka para saderek sadayana kanggo sumping dina acara Halal bi Halal KUSnet
> 2007, anu rencana bade diayakeun :
>
> Tempat : Bumi Perkemahan Mashudi (kiara Payung) Jatinangor
>
> Waktos : Dinten saptu ping 27 Okt.'07 jam 10:00 dugi ka dinten Minggon
> ping 28 Okt.'07 jam 12:00
>
> Acara :
> - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan antar anggota milis
>
> - Ngaleler Pangajén ka Budayawan / Seniman seni Sunda buhun
>
> - Ceramah Kasundaan
>
> - Pintonan Kasenian SUNDA
>
> - Bazaar KUSnet
>
> - begadang bari siduru, bari beubeuleuman jsté.anu diteraskeun enjingna ;
>
> - Bakti Sosial kanggo masyarakat sabudeureun lokasi HBH
>
>
>
> Kalintang pentingna ieu acara kanggo urang sadayana, terutami kanggo tetep
> ngajaga,ngariksa sareng manjangkeun tali silaturahim diantara papada Urang
> Sunda sadayana,khususna anu aya dimilis KUSnet ieu,kukituna di harepkeun
> pisan kana kasumpinganana para saderek sadayana.
>
> Atuh kanggo anu bade ngersakeun rurumpaheun sumping kana ieu acara, sim
> kuring meredih nyuhunkeun karidoanana kanggo daftar heula sateuacana,
> supados tiasa ngabantos kana kalancaran administrasi sareng gampang
> utang-etang waragadna kanggo rengrengan panata calagara.
>
> Kukituna mugia para saderek kersa ngeusian heula formulir dipalih handap
> ieu :
>
> -----------------------------------------------------------------
>
> FORMULIR NGIRING atanapi HENTEUNA KA HBH/KONGRES KUSNET 2007
>
> 27 ~ 28 Oktober 2007
>
> Ngiringan : Badé / Moal (pilih*)
>
> Nami :.....................................................
>
> Padumukan :................................................
>
> I-mél :....................................................
>
> No. telpon / Hapé :........................................
>
> Jumlah nu badé sumping : ..... dewasa & .... murangkalih
>
> Kendaraan : Motor / Mobil / Umum
>
> -----------------------------------------------------------------
>
> teras dikintun deui ka milis atanapi langsung di Japri(jalur Pribadi) ka
> kang Ndoell : [EMAIL PROTECTED]
>
> Hatur rewu nuhun kana sagala perhatosan para wargi sadayana.
>
>
>
> wassalam,
>
> Panata Calagara HBH KUSnet 2007,
>
>
>
> -toni sofian-
>
> 
>



-- 
-----------------------------------------------------------
AGUS PAKUSARAKAN
08128377662
www.hr-uwj.com (mangga geura deu2l dulur urang rek manggung
-----------------------------------------------------------
Koperias Amanah Sunda
www.inkas.wordpress.com
www.azzoman.wordpress.com
www.azzoman.indonetwork.co.id
www.indonetwork.co.id/azzoman
---------------------------------------------------------------------
http://aguspakusarakan.blogspot.com/
http://geocities.com/prabu_siliwangi
http://geocities.com/lodaya_9
http://siliwangi.blogs.friendster.com

Kirim email ke