Nalika jiwa-jiwa ieu lumengis nandangan kanyeri anu teuing ku naon
sababna. Mulangkeun sagala rasa ka Dzat anu Maha sagala, ngajadikeun
lalakon spiritual anu pinuh makna. Sapertos naon anu diunggelkeun ku
Allah dina firman-Na: "Yeuh...jiwa-jiwa anu mutmainnah! Geura balik
deui aranjeun ka Dzat anu Maha Miara tur Mulasara!" 
Sigana, rada kitu lalakon kuring jeung kulaarga mudik teh. 

I
Tadina, niat kuring mudik teh ngan saeutik. Estu nyerahkeun ka taqdir
wungkul. Naon sabab? Saperti anu geus biasa, mun urang kasebut mudik,
lain ngan mawa diri jeung kulawarga wungkul, tapi anu teu eleh penting
oge nyaeta mawa babawaan, kayaning oleh-oleh, jeung saeutik rejeki
keur bagikeuneun. 
Tah, kusabab taun ieu rejeki teu saperti anu dipiharep, estu ngan
cukup jang hirup sakulawarga wungkul, mangkana rencana mudik
dileutikkan niatna. Anging, mun aya kajadian luar biasa: conto
ngadadak kuring meunang rejegi gede. 
Tapi, kusabab sumerah kana taqdir tea, mudik anu niatna ngan saencret
teh, kalah jadi. Malah leuwih luar biasa deui, nyaeta kuring mudik
rada nekad: make motor! Hiji acara anu boro-boro karencanakeun,
kabayangkeun oge henteu. 
Poe jumaah, isuk-isuk pamajikan maksa mudik. Sok sanajan sadar yen
waragad 'penunjang'na geus ipis. Utang-itung dana anu aya, keukeuh teu
cukup bae. 
Akhirna, mudik diputuskeun jadi. Isuk harita, teu kudu babawaan.
Saaya-aya jeung bener-bener saayana. Teu leuwih; teu kurang. 
Kencling indit ninggalkeun imah. Sasalaman ka tatangga anu rada heran
sabab maranehna mah apalna kuring moal mudik. Karek dua puluh lengkah,
Javid, budak anu kadua bari can 2 taun teh, balik kana panto pager.
Digebreg-gebregkeun bari nyebut-nyebut "motor...motor...". Hoyong make
motor cenah. Bari jejeritan. Duh...
Ninggali panon beureum bari rambisak kitu, hate leeh. Teu tega.
Akhirna konci panto dibuka deui. Rap make jaket kulit anu biasa dipake
mun naek motor. Lep, helm dipake. Kitu deui pamajikan. Kantong eusi
baju diselapkeun di hareup. Ku bismillah, akhirna kuring ngabiur ka
Banten. Peta teu kabawa; kitu deui cai, atawa kadaharan. Estu suwung.
Padahal, tadi peuting teu sahur. 

II
Di luhureun Nouvo Z warna beureum, tilu jiwa ngabelesat meupeuskeun
langit anu beuki panas. Panon poe mimiti nyekeutkeun teureuhna,
saolah-olah nguji diri anu keur konsentrasi di jalas aspal
Bogor-Tangerang. 
Untung, angin darehdeh. Leungeuna teu elat mepende. Nyingraikeun
lalangse panas anu ngaganggu paninggali. Javid di tukang anu kaapait
ku kuring jeung pamajikan, estu tibra. Diparende ku sora motor anu
ngaberung melewung patarik-tarik jeung angkot, beus, katur motor sejen. 
Untung, poe eta teu saperti dina berita. Anu ngagambarkeun rebuan
'pemudik' make motor bari pinuh, teu kanyataan. Euweuh rombongan. Nu
aya hiji dua pemudik anu silih geseh posisi di jalan. 
Jalan anu sepi beuki nandeskeun jalan kuring sakulawarga. Parung
dirarung; Tangerang diliwat. Balaraja diseak. Serang kota disebrut.
Dua jam leuwih, diselang ku istirahat dua kali. Akhirna Nouvo Z anu
mawa kuring kudu reureuh. Pasrah dina kawasana pangeran. Masrahkeun
diri di Masjid Baros, anu warnana hejo langit. 
Awak jibreg ku kesang. Tapi jiwa gumbira. Beuki deukeut jarak, siga
rek tepung jeung Gusti. Dina kasadaran anu aya, kuring ibadah jum'at
sakalian istirahat. 
Cai anu ngocor maseuhan benget, cacap tepi kana hate. "Duh
gusti....sok sanajan ieu cai ngan maseuhan kulit jeung
pori-pori....tapi karaosna saperti ngeueman diri." 
Asana, ceuk rarasaan, eta wudlu pangnikmatna anu karasa ku kuring
sapanjang sok wudlu. Bayangkeun, kapanasan mang jam-jam. Terus
kabaseuhan. Teu asa saperti besi dileob, tapi saperti buka magrib
sanggeus kapanasan sapopoe. 

III
Ba'da jum'at, kuring neruskeun perjalanan sesa. Hawa mimiti tiis.
Maklum, kandaraan teu saperti di Jakarta atawa Bogor anu geus
nyababkeun global warming alias pamanasan global tea. Tapi beuki lila,
cuaca bet aleum. Duh, tanda naon ieu teh gusti? 
Gebret hujan, kuring sempet eureun sababaraha kali. Akhirna, ku sabab
hujan can katengen eureuna, kuring ngabiur terus meulah eta hujan.
Memang budak jeung pamajikan kahujanan. Tapi, ceuk pamikir kuring,
masih penting keneh geura anjog batan katiisan di jalan. 
Akhirna, celak-celak di antara keclakna hujan kuring ampir tepi
katujuan. Siga jalma anu rek balik kaasal, kacape sanggeus ampir 5 jam
kuring ngaberung di luhureun motor, laas. Kaganti ku kabungah. Beuki
deukeut, asa beuki eunteup kana gerbang harepan. Bungangang teu
kawadahan. 
Memang, Gusti anu ngaguratkeun taqdir. Kuring teu apal yen motor anu
mawa kuring teh geus teu disetir deui ku leugeun kuring anu leuleus,
tapi ku kersana kakawasaan Allah. 
Dina motor, kuring ngabeng malikkeun diri. Masrahkeun sagala, kana
kersana Gusti.

baktos: 
Tantan

aya anu carita anu langkung panjang, mangga toong di 
www.nyucrukgalur.multiply.com




Kirim email ke