hatur nuhun ayi naufal
mangga atuh amengan ka website teteh;
www.pipietsenja.multiply.com

haturnuhun kana perhatosan ayi
baktos
teteh pipiet senja


ieu salah sawios nukilan novel teteh anu nuju midang
di majalah sunda midang;

Jalur Sutra Jalur Cinta
Pipiet Senja
(2)

“Mana tega-tega teuing Mas Satrio…”
Rayani bati ngagero jero hatena. Manehna geus apal
pisan kana kalakuan Satrio. Lanceuk anu umurna beda
welasan taun. Samemeh asup ka barisan elit politik,
Satrio geus idek-liher di dunya bisnis ilegal. King
Gambler, saha anu henteu apal ka Satrio Wiroyudo?
Bisnisna ngaleuya, pangpangna kumawasa di jalur sutra,
wewengkon Sumatera mimiti ti Lampung parat terus ka
Aceh, Malaysia jeung Singapura.
Memang lain ka palebah dieu imahna Satrio mah. Sok
sanajan langka nganjang ka imah anu jadi lanceuk,
Rayani apal keneh. Basa aya telepon ti Maharani,
ninina, ngabejaan yen Satrio hasil jadi anggota Dewan,
pupuhu partai beureum-hideung. Mamih keukeuh palay ka
Batam, palay nemonan anu jadi putra. Sok sanajan remen
pagetreng oge, Mamih enas-enasna mah mikanyaah Satrio,
bubuhan putra pang cikalna.
Nya harita pamungkasan nganjang marengan Mamih, nyaba
jauh duaan teh. Duka naon pasalna ujug-ujug der weh
parasea, harengheng, rame pisan. Mamih pagetreng jeung
Satrio memang lain sakali-dua kali, remen. Ngan
pagetrengna sakali eta mah duka teuing, asa mingkin…
heboooh!
Mamih keukeuh ninitah Rayani sangkan gancang mulang ka
Jakarta. Mamih ngantunkeun anjeun di padumukan anyar
Satrio. Jangjina mah moal lila, ngan kalah ka
campleng… sabulan! Telepon anu katampa ku Rayani ti
ninina. Ngabejaan yen Mamih tos tilar dunya, magarkeun
teh alatan struk. Ya Rob, Gustiiiii… maenya Mamih make
struk sagala? Biheung Mamih putus asa, aaah! Ngacooo!
“Berhentilah kau, Merry!” Si Bosongot ngagero. 
Rayani ngorejat. Bener, lain di dieu, hatena
ngagerencem deui. Imah Mas Satrio anu anyar, sabada
diistrenan jadi anggota Dewan, sidikan di wewengkon
paimahan mewah. Lain di wewengkon keumeuh palabuhan
kawas kieu! Laiiin!
“Ieu mah… Sekupang?” sora Rayani kapegeg ku polototan
Si Bosongot.
“Turun semuaaa!” 
Jrat-jrut pating galejrut, tarurun tina mobil, kaasup
Rayani anu satengah dijongklokkeun ku Si Bosongot. Heg
pada ngabareyeng, sulundap-selendep, gebluuus… Rayani
digebluskeun ka hiji gudang keumeuh di palabuan
Sekupang.
“Woooi… jangan tinggalkan akuuu! Tolooong!” 
Sora Rayani mimitina mah harus, taya anu malire.
Sorana mimiti halon, halon, mingkin halon… Jep weh,
jempe, simpe! 
***

Medan 2004 
Satrio Barbo, saha anu henteu apal ka tokoh masarakat
Batam ieu? Pangawakan dedeg sampe rupa hade, heg
didangdanan ku jas, kameja jeung dasi Armani, atuh
sapatuna oge ngahaja osok ngimpor ti mancanagara.
Henteu kalis ku kitu, masih ditambahan ku kacamata
riben buatan Jerman, surutu mahal anu osok diulinkeun
di antara ramo-ramona.  
Di hotel bentang lima, Satrio diiring ku wadia baladna
anu kawentar disebut Barbo alias Barisan Kebo di dunya
mapia Indonesia wewengkon kaler. Ti barang turun tina
bebi bens keneh geus pada ngawal, pager bitis tea.
Barudak ngora Barbo bisa dititenan tina kosteumna,
baju sing sarwa hideung jas panjang pating galober
jeung riben mahal. 
“Kumaha… geus daratang?” Satrio nalek asprina, hiji
lalaki jangkung badag, rengkak paripolahna mo bina ti
ajudan jenderal. Beungeut perang tea, da dijulukanana
oge Ares, Dewa Perang. Beunang menta ti Empu
Bolo-Bolo, cenah mah, paranormal sakaligus dukun sakti
mandraguna urang India.
“Atos di lebet, Bos!” tembal Ares saregep.
“Geus aya bejana ti Si Bosongot?”
“Parantos diamankeun… bereslah, Bos!”
“Kenapa belum ada laporannya?”
“Ooh, harus ada laporan resminya, ya Bos?”
“Huahaha… kidding!” Satrio ngaheheh. Ploook, ngagaplok
tonggong asprina, tarik oge buktina Ares ngagero
nyerieun, sorana dipegeg.
Di rohang Anggrek, bener we Barsing alias Barisan
Singa wadia baladna Leon Barsing geus hempak. Meja
panjang beulah kenca geus didariukan ku anak buahna
Leon. Ngan Satrio henteu nempo Leon, ngan aya
adi-adianana minangka wakilna nyaeta Chong.
“Mana bos kalian?” Satrio bari diuk di hulu meja
sidang, ditarurutan ku wadia baladna ngeusian
korsi-korsi kosong beulah katuhueunana.
Chong manggut rengkuh, ngajawab kalawan tatag,
“Maafkan, Bos Besar tidak bisa datang karena…” 
“Bos Besar yah… Pasti masih sibuk nguyek di Singapura.
Huahaha…” Satrio nempas, seuri ngece.
Chong tiba manggut deui kalawan rengkuh, miluan
api-api ngaheheh. Otakna mah muter, sidikan manehna
oge geus nyaho kondisi jalur sutra bulan-bulan
katompernakeun. Satrio mingkin ngagalaksak di
wewengkon Barsing. Matakan Leon kudu mageuhan tali
kakawasaanana di Singapura jeung Malaysia. Ngan Satrio
oge kanyahoan embung eleh gadag. Sarua deuih mimiti
ngagalaksak ka sakuliah daratan Malaysia. Boh bisnis
narkoba pon kitu deui bisnis jual-beuli senjata.
Diprediksi, ceuk Bos Besar, Barbo bakal ngungkulan
Barsing di sakuliah jalur sutra, tug nepikeun ka
daratan Cina. Tempat-tempat strategis, basisna Barsing
salila puluhan taun. 
“Naha kudu ngelehan alatan digoromeoh Barbo? Teu bisa!
Kudu dilawaaan!” kitu parentah harian Bos Besar.
Meeting digelar, kangaranan rapatna mapia taya
basa-basi, pidatoan angot bubuka jeung macakeun
agendana mah. Time is money, jadi kudu to the point,
madudengkeun pemetaan anu ngawengku kakawasaan
masing-masing. 
Ares ngeberkeun peta ala Barbo. Atuh Chong oge sarua
ngabeberkeun peta persina Barsing.
“Ini peta kekuasaan Barsing!” ceuk Chong bangun
ngagerem.
“Wilayah Barbo sekarang ada di sini, di sini, dan di
sini…” Ares nambalang-nambalang we, sarua
guram-geremna teh.
“Bagaimana… sepakat untuk tidak sepakat, yeaaah?”
Satrio mungkas meeting dina waktu henteu leuwih ti
sapuluh menit.
“Seperti biasa kami harus terima dua puluh persen. Itu
kalau kalian bisnis di Medan!” Chong tandes.
“Kalau bisnis kalian di Batam… fifti-fifti, yeah?”
Satrio seuri sinis.
“Tidak fair, Bos! Sama saja seperti di Medan!” tempas
Chong.
“Mana bisa begitu! Sekarang jelas sekali Batam lebih
potensial! Kalian gak bisa lanjut ke mana-mana tanpa
ngedrop di Batam. Di wilayah kekuasaanku harus
fifti-fifti. Titik!”
Satrio ngagentak nangtung ditarurutan ku genepan
baladna. Chong oge nangtung, sarua deuih dibarengan ku
genep baladna. Aya sawatara lilana mah dua kubu pasang
aksi, pasang siaga; siap tanding! Beungeut-beungeut
beureum, ngemu amarah, ambisi jeung kakawasaan. 
“Soal di Batam nanti ada pembicaraan sendiri, harus
langsung dengan Bos Besar. Kami tak bisa memutuskannya
sekarang. Oke, Bos Besar Barbo?” ceuk Chong
nandeskeun.
Satrio kuduna mah bisa nyengker emosi, kudu era da
lain ngalawanan Big Bos Barsing langsung. Lain babad
tandingna mun kudu mudalkeun amarah ngayonan Chong,
adi-adianana Leon. Lain adi teges, saukur adi angkat,
adi sagulung-sagalang, sabada dibaiat sumpah getih ala
mapia turunan Tionghoa di Indonesia.
“Aku sudah muaaak!” Satrio bangun ngagerem, molototan
Chong. “Tiba saminggu di dieu kudu mere upeti duapuluh
persen?”
“Apan tos disaluyuan ti baheulana kitu, Bos!” tembal
Chong. “Naha make dipadudengkeun ayeuna?”
Degggh! 
Satrio karek inget, boga jangji jeung utusan Mr.
Number One ti Jakarta. Bet karek kaingetan deuih atuh?
Gara-gara Si Rayani, haram jadoool siah! Hatena
ngageremet. Keuheul ongkoh ka Ares, bet pipilueun
sarua jeung manehna remen pohoan. Sigana aya anu
konslet dina uteukna, alatan mindeng disetrum basa
manehna dibui puluhan taun katukang. Siaaal dangkalan!
“Mmmm… oke, ngan kudu dijamin… taya halangan-harungan
deui!” Satrio antukna kapaksa ngelehan. Aya anu leuwih
penting, bisnis kakap nungguan di Jakarta. Lain saukur
bisnis anu ngawengku ambisina, ieu rek asup ka jajaran
elit politik Indonesia. Pingpinan parpol mah ceteeek!
“Bereees!” Chong ngajak sasalaman, ditampanan ku
Satrio bari ngemu kahareneg.
Geus kitu mah Satrio ngagiwarkeun leungeun kencana,
ngaisarahan anak-anak buahna. “Cabuuuut!” cenah,
sorana harus handaruan. 
Malum, ruruntuk preman palabuan. Welasan taun
katukang, inyana masih kukulamprengan di palabuan
Sekupang. Lamun henteu panggih jeung Leon anu ngadidik
langsung, ngawaris elmu panemu bisnis ilegal tug
nepikeun ka ngamodalanana pisan… Sigana manehna bakal
angger preman jalanan, urut mahasiswa langgeng, anakna
Darto, pamayang pituin Indramayu.
Singapura 2004
Parksuites, geus manjing janari basa Leon
ngagubragkeun awakna anu bayuhyuh kana ranjang. Cape
oge balas inspeksi langsung ka lapangan, sanajan make
limosin ka mamana, angger capeee!
Leon Barsing, umurna oge geus 60-an, kabeukina
kadaharan anu ngareunah, kuat surutuna jeung inuman
keras. Katurug-turug tara olah raga, puguh we babarian
eungap. Karek oge ngerelep sawatara detik, ponselna
disada. Leungeunna gupuy-gapay kana meja leutik
gigireunana, ceg, ponsel model komunikator teh
ditempelkeun kana ceulina. 
“Hayya… alooow… sapa?”
“Satrio Barbo… Ini cuma kepingin bilang; aku sudah
tahu siapa putri yang Bos Besar cari-cari selama ini.
Sekarang dia ada di tanganku. Jadi kalo Bos Besar
Barsing macem-macem… awaaas saja!”
Leon Barsing ngagurubug, ponselna mecleng, barang
dicekel deui geus taya sora nanaon iwal ti napasna
sorangan anu ngaregeh. Eungap liwat saking!
(Nyambung)



-- Naufal Fajar Gumati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Wilujeng tepang, wilujeng kenal Teh Pipiet !
> Sim kuring salah sawios penggemar seratan-seratan
> Teteh.
> 
> Urang Husnudzon we Teteh, panginten sanes teu aya
> respon, mung responna
> henteu ngalangkungan ieu millis, boa-boa ayeuna tos
> langsung aya anu
> ngagidig ka ATM, nyeepkeun simpenanana kanggo
> ngabantos Kang Dudi Santosa.
> Leres teu Baraya ?
> Henteu ?
> Ah piraku ! Mudah-mudahan leres, mangga atuh urang
> barantosan.
> 
> Pan aya paribasa, upami panangan tengen masihan
> bantosan, panangan kiwa
> mah teu kedah terangeun.
> Kitu panginten Teteh. Punten upami lepat.
> 
> Baktos,
> 
> Urang Cianjur.
> Nu Ngiring Belasungkawa ka Kang Dudi Santosa,
> hususna, ka wargi Sunda
> umumna.
> 
> 
> On 10/23/07, Pipiet Senja <[EMAIL PROTECTED]>
> wrote:
> >
> >   hapunten ngarewong deui
> > eta atuda meuni heraaaan
> > asa teu aya respon kana warta kamusibatan
> > sangkilang ieu teh urgent
> > da aya pakaitna sareng
> >
> > budaya sunda
> > ngeunaan kahuruanana kantor majalah sunda midang
> tea,
> > wargi urangsunda
> >
> > naha da ari diwartakeun di milis holland
> > meuni langsung direspon sae
> > sedengkeun di kusnet..
> >
> > aaaah, hapunten sakali deui
> > assalamualaikum wr.wbb
> >
> > lami pisan abdi henteu nepangan wargi KUSNET
> > tapi da noongan mah sering
> >
> > ieu mah bade ngawawaran wae ka wargi sadaya
> > kamarina mah, sabaraha dinten kapengker
> > aya sms ti kang Dudi Santosa;
> > kamusibatan, kantor redaksi majalah Sunda Midang
> seep
> > kahuruan....
> >
> > ka sing saha wae anu ngaraos asih, cinta ka bahasa
> > karuhun, geura tanjeurkeun budaya sunda
> > majalah Sunda Midang
> > dina kamusibahan ieu tangtosna oge kedah dirojong
> ku
> > urang sadaya, urang sunda di mana wae ayana!
> >
> > kitu sanes, URANGSUNDA?
> >
> > alamat lengkapna; Jalan Babakan Ciparay,
> Situgunting
> > Timur l No.17 RT.08/RW 08, Kelurahan Sukaasih
> > Bojongloa Kaler, Bandung Timur
> >
> > No.RekBCA KCP Lingkar Selatan 4531196061
> > cp na mah langsung wae ka Pemred na, Kang Dudi
> Santosa
> > 085220095635
> >
> > nyungkeun sih hapunten pami aya kalelepatan
> > baktosna
> > teteh pipiet senja, depok
> >
> > --- brad porenges <[EMAIL PROTECTED]
> <porengesbrad%40yahoo.com>>
> > wrote:
> >
> > > Basa kamari ka Bandung, saacan lebaran kuring
> ulin
> > > ka BSM (kawas kang Asep...hehe), nganteur budak
> > > hayang jalan-jalan. Lunga-lengo ka Gramedia,
> budak
> > > mah diantep we baeud jeung nyiwitan oge, geus
> gede
> > > ieuh. Aya sababaraha buku anyar (asana citakan
> > > 2007), nu matak kuring curinghak jeung neureuyan
> > > ciduh sorangan lat poho kana pamaksudan...hehe,
> > > mangga tengetan diantawisna bae:
> > >
> > > 1. Pangeran Cakrabuana, Raja Pertapa 1 terbitan
> > > Kiblat Bandung
> > > Raden Walangsung alias Prabu Kian Santang nu
> > > dianggap "pendiri" kota Cirebon. Naha dibere
> gelar
> > > Pangeran Cakrabuana? Naon hubunganana jeung
> gunung
> > > Cakrabuana dina novel MJ? Kumaha ketakna
> Walangsung
> > > dina mimpin Cirebon nu ngabalukarkeun Cirebon
> > > gancang ronjatna tina hiji kampung nepi ka hiji
> > > nagara? Adaptif kah, Someah hade ka semah? Naha
> > > prabu Siliwangi nitah Walangsungsang guguru ka
> > > Begawan anu di gunung Dieng? Kumaha Nyi Mas
> > > Rarasantang ngigelean budaya Arab make budaya
> Sunda?
> > > Kumaha ngalalanana Walangsungsang ka Arab,
> Mesir,
> > > Irak jeung Samudra Pasai?
> > >
> > > Dipedar ku kang Besta Besuki Kertawibawa,
> lulusan
> > > Arsitektur ITB nu ngarasa "kaseureud" aya nu
> > > nyebutkeun urang Cirebon "Sunda henteu, Jawa
> ;lain",
> > > kepala Bapeda kabupaten Subang, nu ngaku urang
> > > Cirebon jeung sigana ti lingkungan keluarga
> Sultan
> > > Cirebon.
> > >
> > >
> > > 2. Profil Etnic Jakarta (terjemahan), Lance
> > > Castels
> > > Medar nu matuh di Jakarta ayeuna, cenah urang
> > > Betawi? Ti mana asalna Betawi? Budak beulian
> Walanda
> > > kah? Ti Bali, Makasar, Bangka, India, Cina?
> Campuran
> > > seler-seler sa nusantara, sadunya?
> > >
> > > Pan cenah Sunda Kalapa teh boga Padjadjaran beh
> > > dituna karajaan Sunda? Kamarana urang Sundana?
> Teu
> > > dibahas ieu mah...sigana can aya nu ngabahas ieu
> > > mah ku ahli sajarah Sunda. Ragrag ka
> > > Banten/Cirebon/Demak....nyaeutikan sigana urang
> > > Sunda di Sunda Kalapa, diganti ku urang Sunda ti
> > > Cirebon, Banten jeung urang Jawa. Ragrag...ka
> > > Walanda, cenah urang Sunda jeung Jawa di usiran
> da
> > > sieun antek2 karajaan pribumi, Mataram nyerang
> > > Batavia....eleh! Tentara nu ti Priangan jeung
> > > Cirebon diudag-udag ku tentara Mataram,
> dipaehan!
> > > (alinea ieu mah subyektif! hehe)
> > >
> > > Tulisan ieu nu mimiti diterbitkeun tahun 67(?),
> > > dipikaceuceub ku tokoh betawi Ridwan Saidi.
> Sanajan
> > > bantahana..asa "teu gugur teu angin"....teu
> > > nyambung! Bantahan Ridwan Saidi lengkepna dina
> buku
> > > Profil Etnik Betawi jeung Babad Tanah Betawi
> khusus
> > > keur nangkis buku Lance Castles ieu.
> > >
> > > 3. Dari Batavia ke Jakarta, pangarangna hilap
> > > asana urang Lombok, kepulauan Sunda leutik,
> lulusan
> > > UGM. Loba ngabahas tata kota Jakarta jeung
> > > nerangkeun peta-peta daerah Jakarta baheula.
> > > Penerbitna oge hilap di Jakarta asana mah.
> Perenah
> > > nyieun buku "Dari Sunda Kalapa ke Jakarta" oge
> > > cenah, mung teu acan kapendak ku si kuring.
> > >
> > >
> > > 4. Dong Mu, Jamal, Gramedia Pustaka Utama
> > > Hehe...punten ah seuri heula ieu mah! Mun maca
> > > buku-buku MJ, sok asa keur pahareup-hareup
> > > we...hehe. 4 buku novel tiheula dianggap "gagal"
> > > dijieun panganteur sare...da kalahka cenghar tur
> > > buringas jeung seuseurian sorangan
> > > deuih....sakapeung mah nyarekan nu nulisna
> sakalian.
> > >
> > >
> > > Dong Mu, medar lalampahan tokoh kang Herman
> jeung
> > > kang Yaya, dua ilmuwan "hebring" urang Sunda nu
> > > teuneung ludeung, jujur jeung gede
> tanggungjawabna
> > > tapi masih aya hormon "kabayanna"....hehe.
> > > Enya....keur genting oge tetep we heureuy!
> Caritana
> > > alus, basajan, sanajan "background"
> tokoh-tokohna
> > > kawilang "edan!" Hal ieu
> sakaligus...ngabalukarkeun
> > > kurang jerona medar masalah nu didadasaran
> elmu-elmu
> > > para tokoh. Ceuk kuring, novel ieu serius jeung
> > > ati-ati dijieunna, kaciri tina loba "diskusi"
> jeung
> 
=== message truncated ===


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke