Assalamu'alaikum wr.wb.,

Wilujeng enjing baraya sadayana.....

Kahatur kanggo sadayana Pamilon HBH KUSnet 2007, Ulah Hilap mung H-3 deui
yeuh,

Ulah hilap Lokasina aya di Bumi Perkemahan MASHUDI,Kiara Payung
Jatinangor-Kab. Sumedang

kanggo anu ngangge angkutan umum, Route na anu paling Babari mah ti :

Leuwi Panjang bae naek Bis Kota anu jurusan ka Jatinangor langsung tuurun di
PANGDAM (PANGkalan DAMri) tidinya tiasa naek Ojeg ka Lokasi ongkosna
5000rupia
kitu deui anu kanggo anu ti wilayah kidul na, tiasa turun di
Cileunyi...tidinya kantun naek angkot anu ngalangkunagn ka Pangdam
eta...kaituna mah sami kedah naek Ojeg oge..
Insya Alloh, pami cekap sareng aya mah...engke di caket pangdam eta di
payuneun UNWIM (UNiversitas WInayaMukti) oge disayogikeun jemputan tapi mung
2 mobil minibus (hapunten pami teu kacandak mah he..he...) waktosna aya
Jemputan ti tabuh 8 enjing2 dugi ka tabuh 12 siang...langkung ti eta,
hapunten we da' acarana oge tos dikawitan he..he..

Kanggo sadaya pamilon oge kaci nyandak icalan....anu tangtos kanggo di ilu
keun dina acara Bazaar KUSnet, mangga daftar we ka kang Ndoell....
kanu teu nyandak icalan mangga we nyandak artos nu seueur hihi...
nya kango meser Acuk KUSnet, Kanggo meser Bazaar nu sanes..tah ssana weh
kanggo Kencleng he..he...(enyaan ieu mah)

diinformasikeun oge kanggo anu bade nginep di lokasi aya disayogikeun Barak,
kanggo sekitar 63 tempat tidur,duka 6 duka 8 kamar eta teh....mung kanggo
anu alergi sasarengan mah atanapi anu hoyong nyaman terutami kanggo nu
yandak kulawargi, di sekitar jatinangor aya oge sababaraha Hotel...
diantawisna aya BGG Bandung Giri Gahana Golf...eta tempatna sae pisan ,view
na langsung ka lapangan Golf...upluk-aplak...raos oge kanggo
Honeymoon....he..he...
kanu bade nyandak hotel di Jatinangor oge aya di sajajalan dinya seueur...


bilih aya nu kirang mangga bilih Panatacalaga nusanes anu bade nambihan,
kang kumi, kang Ndoell,kang Iim mangga saha wae lah.......
Wassalam,
-- 
Toni Sofian

Reply via email to