mangga tongton snapshot di metrotv... nu cenah hayang sangkan urang
indonesia make basana kalawan bener. hanjakal (cek kuring) aya nu
papalimpang. hayang basa indonesia nu baleg tapi naha judulna snapshot?
kelirumologi deui kitu!!

ieu iklan!! :))

d
pernah dicarekan kang kumi gara-gara g=k ieu ;))

On 10/19/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   pan ayeuna teh nuju ngetren "kelirumologi",
> ngalirukeun anu 'bener', teras ari tos janten budaya
> di masyarakat, bangga pisan.
> Jiga kasus jomblo, jadi jomlo, anu ceuk cenah mah
> tadina teh kecap eta teh aya di kalangan masyarakat
> 'hombreng' alias banci.
> Tapi perkara "kelirumologi" basa ieu tos dugi ka tahap
> pikahawatoseun. Dina iklan, dina pidato, wawancara,
> utamina mah basa batawi sareng Inggris, anu sok
> dipintonkeun/dipidangkeun di televisi.
> Tapi anu matak helok mah, eta, pilem-pilem kartun di
> televisi masih, masih 'taat asas' migunakeun basa
> indonesia baku/standar. Teu acan aya anu
> disulihbasakeun kana basa batawi.
>
> baktos,
>
> pun rachmatrawyani
>
> --- Waluya <[EMAIL PROTECTED] <resoma%40bdg.centrin.net.id>>
> wrote:
>
> > Nengetan beja arus mudik dina media, pangpangna mah
> > dina TV, kuring jadi
> > hemeng, ti iraha Nagreg dirobah aranna jadi nagreK?
> > Ngan SCTV jeung ANTV
> > anu bener nulisna teh. Detikcom oge ngiluan salah,
> > dina salah sahiji
> > wartana, nagreg ditulis nagrek. Lebaran taun kamari
> > Kompas nu salah, padahal
> > beja macet di Nagreg, beja utama (Head line),
> > ngajeblag di kaca
> > panghareupna. Sigana lila-lila kecap Nagreg nasibna
> > bakal sarua jeung kecap
> > OJEG jeung CILEDUG nu robah jadi OJEK jeung CILEDUK
> > .....
> >
> > Baktos,
> > WALUYA
> ___
>



-- 
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke