Leres kang, lepat upami digunakeun kecap dayang mah da hartosna ungkluk geuning. Jigana kecap anu leres mah dangdayang. Numutkeun Sundanese English Dictionary karya R. R. Hardjadibrata: Dangdayang (in old stories etc.) noblewoman, noble lady atanapi bangsawan istri. Luyu sareng seratan kang Edi Nugraha (kang Dudi Herlianto masih emut) wireh Sumbi teh putra raja, panginten Sumbi teh kungkur disebatna Dangdayang Sumbi. Mung duka iraha sareng kunaon beut robih janten Dayang Sumbi, henteu terang tah. Upami kecap dangiang, gaduh hartos anu sanes. Ngarujuk ka kamu anu sami, dang(h)iang teh hartosna suminar (bersinar). Dina basa Indonesia mah panginten hartosna teh aura. Salam, Asep
Trisno Yuwono Triss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang Asep....punten kumaha upami nami Dayang Sumbi di robih janten Dangiang Sumbi ?? sabab kesan tina nami "Dayang" teh asa kumaha nya.......? Sim kuring mah teu panuju pisan lamun sasakala Sang Kuriang teh jieunan Walanda, lamun di salimpangkeun (rekayasa) mah aya kamungkinan bener ...... Kuring satuju mun Sasakala Sang Kuriang mangrupakeun siloka keur pi eunteungeun urang..... kuring ti kamari ngemutan naon rahasia siloka ieu ??? Anu kapendak ku sim kuring mah "Sang Kuriang" teh gening "Sang Kuring", "Dangiang Sumbi" teh maksud na Indung, Ibu Pertiwi (Lemah Cai)... anu ngalahirkeun Sang Kuring...ieu netelakeun yen lamun urang boga kakawasaan ulah rek di pake ngaruksak ieu alam.... Lamun Adi Luhung ulah jadi Adi Gung...(sugan bener ) Sakitu pamendak sim kuring mah, Kang Asep.... Sampurasun. ----- Pesan Asli ---- Dari: Aschev Schuraschev <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected]; [EMAIL PROTECTED]; [EMAIL PROTECTED] Terkirim: Rabu, 24 Oktober, 2007 9:27:12 Topik: [Urang Sunda] Rekonstruksi Gunung Sunda Waktu kuring keur leutik, aya anu nyarita cenah sasakala Sang Kuriang (Sangkuriang) teh jieunnan Walanda pikeun ngarendahkeun martabat urang Sunda ku jalan nyieun dongeng yen urang Sunda turunan anjing jeung turunan babi. Tapi saenggeus manggihan sumber bacaan anu netelakeun yen Sasakala Sangkuriang teh geus aya saacan Walanda datang, kuring jadi yakin pisan yen Sasakala Sangkuriang teh asli warisan karuhun Sunda. Sumber bacaan kasebut nuliskeun yen Bujanga Manik nyutat lalampahannana di wewengkon anu kakoncara ku sasakala Sang Kuriang saperti kieu: Leumpang aing ka baratkeun datang ka Bukit Patenggeng Sakakala Sang Kuriang Masa dek nyitu Ci tarum Burung tembey kasiangan Ngeunaan babi jeung anjing dina ieu sasakala mah ngarupakeun siloka. Hal ieu pernah diguar ku salah saurang anggota milis urangsunda sababaraha bulan ka tukang. Dina sasakala Sangkuriang, dicaritakeun yen Dayang Sumbi nyieun akal supaya Sang Kuriang henteu ngawin anjeunna. Dayang Sumbi menta Sangkuriang sangkan manehna nyieun talaga (dano) jeung parahu dina waktu sapeuting. Liwat tengah peuting dano geus jadi sedengkeun parahu ampir jadi. Dayang Sumbi nyieun akal deui; kain bodas (boeh larang) hasil ninun anjeunna diabar-abar make kakauatan gaib sangkan kaciri beureum siga cahaya panon poe. Sang Kuriang, anu ngarasa kabeurangan, ambek pisan, parahu di talapung tepi ka nangkub. Parahu nangkub eta jadi gunung Tangkubanparahu. Sesa bahan parahu anu kari tunggul jadi Bukit Tunggul. Sedengkeun rangrang (ranting) sesa tangkal ngagunung jadi gunung Burangrang. Sasakala Sang Kuriang diturunkeun ti hiji generasi ka generasi saterusna sacara lisan pikeun ngawartakeun yen di wewengkon sakuliah gunung Tangkuban Parahu kiwari teh baheulana pernah aya dano, pernah aya gunung bitu waktu peuting (seuneu tengah peuting anu caangna siga cahaya panon poe waktu isuk) anu disusul ku munculna gunung Tangkubanparahu, Bukit Tunggul jeung Gunung Burangrang. Kronologi kajadian dina sasakala Sangkuriang akur pisan jeung hasil panalungtikan para ahli geologi ngeunaan Gunung Sunda, Dano Bandung jeung gunung Tangkubanparahu. Ceuk para ahli geologi, wangunan gunung Tangkubanparahu kiwari jeung sabudeureunnana saperti gambar dihandap ieu: Ceuk para ahli geologi, oge ceuk kang T. BAchtiar, ahli Geografi, di antara gunung Tangkubanparahu jeung gunung Burangrang aya hiji lengkob anu ngarupakeun dasar kaldera anu disebut kaldera Sunda. Dina eta lengkob, aya Situ Lembang, anu sisi kulonna diwatesan ku dingding anu manjang mimiti Lawangangin terus melengkung ka kalereun Situ Lembang. Eta dingding teh mangrupa sesa kaldera Gunung Sunda anu masih nyesa. Meh tungtung kaler ti eta dingding, aya congcot nu dingaranan Gunung Sunda, luhurna 1.854 meter ti beungeut laut (tbl.), hiji congcot leutik di satengah lingkaran dingding kaldera Gunung Sunda. Ieu congcot teh lain gunung Sunda anu sabenerna tapi sesa ti gunung anu leuwih gede anu geus bitu. Gunung Sunda anu sabenerna mah diwangun ku awak gunung anu dasarna ± 20 km., sarta luhurna ditaksir leuwih ti 4.000 m. lbl. Ceuk kang T. Bachtiar deui, bisa jadi luhur nu sabenerna leuwih ti taksiran eta, sabab, umumna gunung anu bitu nepi ka ngawangun kaldera nu jadi kawah pohara gedena lolobana mah ngancurkan dua pertilu awak gunungna. Lamun kaayaan ayeuna cong­cot pang luhurna 2.080 meter tbl., hartina eta teh ngan sapertiluna ti luhurna Gunung Sunda. Dua pertiluna deui nyaeta bagian gunung nu ambrug waktu eta gunung bitu. Ku kanyahoan luhurna hiji gunung, eusi gunung jadi bakal kapanggih, geus kitu mah urang bisa manggihan darajat rongkahna bitu hiji gunung. Dina mangsa prasajarah, kira-kira 105.000 â 10.000 taun katukang, Gunung Sunda kungsi bitu ngaluarkeun gas gunungapi anu pohara kuatna, disebut tipeu plinian. Bitu gunung tipeu ieu mah nyababkeun matrial gunungapi disemburkeun ka wewengkon anu pohara jauhna, nepi ka Ci Tarum kiduleun Rajaman­dala kasaeur. Matrial gunungapi ieu mendet susukan Citarum Purba, anu ngakibatkeun jadina dano Bandung . Gunung Sunda bitu kadua kalina dina kira-kira 10.000 - 5000 tahun ka tukang. Martial gunungapina harita keneh geus ngubur wewengkon anu lega pisan. Leuweung geledegan anu aya mangsa harita, anu kaina sagede-gede dreum, kakubur bareng jeung mahluk hirup nu aya di dinya, sato vertebrata badag siga badak, uncal, jeung hippopotamus (kuda nil) nu keur ngareueum di ranca-ranca kiduleun Rajamandala anu jauhna ± 35 km ti gunung Sunda. Areng kai saukuran dreum kapangih di pangalaan keusik di Ciseupan â cibeber, cimahi Kidul. Di dinya pisan aya tangkal kai anu geus jadi areng ngagaloler ngarah datangna awan panas. Ku sabab loba matrial ti jero gunung anu dikaluarkeun waktu eta gunung bitu, bagian jero gunung jadi kosong. Hal ieu anu nyababkeun ambrugna sabagian gede awak Gunung Sunda, ngawangun kawah anu pohara legana, anu nelah disebut kaldera Gunung Sunda. Ti sisi kulon kaldera mucunghul gunung anyar, nyaeta Gunung Tangkuban­parahu, Gunung Burangrang jeung Bukit Tunggul. Referensi: T. Bachtiar, Dano Bandung Purba (Sundalana Seri 6) Edi s. Ekajati, Kebudayaan Sunda Zaman Pajajaran, Pustaka Jaya, 2005 Salam, Asep __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com --------------------------------- Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

