saur basa "dengen", saena "deungeun", panginten. ngupingna sigahna pami kanggo 
nyalira mah kedahna nganggo "ngadanguna", leres kitu ?? punten aki tams teh 
cegekan ??
  
Gan Lesmana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              
  Salam kenal ah kanggo Kang Andang .........
   
  Congratulation ..... saur basa dengen mah ......, meni bingah ngupingna. 
Mangga atuh bilih aya kaperyogian kanggo nambihan informasi .... Sim kuring teh 
aya di Pulau Dewata, tapi da ari manah mah tetep wae asa aya di lembur. Unggal 
dinten oge warta-earta nu di lembur teh sok ditoongan wae ... nineung ari 
kituna mah ........
   
  Wass,
  GL
   
   
   
  

    ----- Pesan Asli ----
Dari: andang1969
  Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Jumat, 26 Oktober, 2007 10:51:15
Topik: [Urang Sunda] Ngantosan Artikel sareng Berita Sunda kanggo eusi Majalah 
Sunda Hegarmanah


    Punten.
Sim kuring kaleresan kapapancenan ku para wargi urang sunda anu aya di
Sumatera Selatan kanggo ngrawatan media silaturahmi internal urang
sunda anu namina Majalah Hegarmanah anu nganggo basa sunda sareng 100
persen ditujukeun pikeun urang sunda.
Tos sababaraha kali terbit kalayan kenging dukungan anu kacida rohaka
ti warga sunda nu aya di Sumsel teh. Sakali medal langsung bures, seep
siga goreng kacang.
Anu janten kendala sim kuring nyaeta masih kirangna bahan-bahan
tulisan atanapi berita, cerpen, dongeng sareng anu sanesna, kanggo
ngesian majalah. Sapertos ayeuna, sim kuring nuju diudag Deadline
margi kedah enggal medal.
Kukituna, diantos pisan partisipasi sadaya warga sunda, dimana wae
ayana, komo upami aya urang sunda anu di sumsel mah, pikeun ngeusian
majalah ieu. Insya Allah, ari majalahna mah moal nguciwakeun. 
Waktos mimiti medal anu di resmikeun ku bapa Gubernur Jawa Barat, Dani
Setiawan sareng Gubernur Sumsel, Syahrial Oesman anu disakseni ku
Ketua Paguyuban Pasundan, HM, Syafei, geuning majalah Hegarmanah teh
dianggap hiji prestasi urang sunda di Sumsel anu miboga kabanggaan
kana budaya jeung basa sunda. Kukituna kuring miharep, hayu urang
rojong majalah urang ieu, ulah dugi ka pareumeun obor deui.
Diantos pisan.
Hatur nuhun.

ANDANG SUPRIADI
Pemimpin Umum/Pemimpin Redaksi,
Majalah Komunitas Sunda HEGARMANAH
Palembang Sumatera Selatan 



  .

   



  
---------------------------------
  Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers  

                         

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke